Sasakala Maung Leutik Cangkengna
Usum paceklik di hiji leuweung. Halodo anu banget nepi ka sakabéh sasatoan kakurangan ku hakaneun. Bungbuahan, beubeutian, jeung jujukutan kabéh gararing...
Sakali mangsa maung keur anteng néangan kahakanan, kabeneran aya peucang keur ngahuleng, jiga nu susah. Éta peucang téh begang, ngajangjawing kari tulang jeung kulit.
Sabot peucang keur ngalamun, Gauuur...‼! Maung ngagauran tarik pisan. Peucang kacida reuwasna. Késang tiis ngagarajag maseuhan awak. Maung ngadangong, bangun sagep-gepeun rék ngerekeb manéhna.
Peucang teu bisa kukumaha. Ceuk pikirna, najan lumpat gé moal burung kaudag, da puguh baroraah keur lumpat, pan tanaga sakieu sudana. Ahirna peucang sumerah diri ka nu kawasa, bari ngadunga ménta sangkan dipanjangkeun umur, sarta disalametkeun tina bahaya dina waktu ayeuna.
“Agan maung, ulah gagauran kitu eum, kuring mah kari dikerekeb baé. Tapi...,” peucang ngawani-wani.
“Heeemmm.‼!”
”Ari ceuk kuring mah, leuwih hadé néangan mangsa anu lintuh. Da kuring mah batan sakieu, moal matak seubeuh. Pan apal ku anjeun, kuring mah begang, kari tulang hungkul.”
Maung ngagaur deui. Kawas nu ngahaja sangkan peucang beuki gimir.
“Héy‼! Peucang, teu ngarti uing mah. Naon maksudna andika tenang-tenang cacarita kawas kitu? Pan biasana gé sok terus lumpat mun ningali uing téh?”
“Rumasa, euweuh tanaga keur ngejat-ngejat acan..” peucang ngalengis.
“Terus..., ku naon anjeun ngahuleng?”
“Ohh... masalah éta...” peucang katingali bangun atoh, meunang lolongkrang.
“Enya?!”
“Kuring teu lumpat téh bisi hayang nyaho mah..., jeung kitu gé mun percaya ka kuring, yén kuring téh keur meunang tugas ti raja. Dititah nungguan beubeurna di dieu. Tah ari raja keur lunta, nyiar kadaharan keur urang saréréa.”
“Na bener éta téh?!” maung muncereng, nembongkeung sihungna anu ranggéténg.
“Ihh... piraku bohong! Tah kulantaran kitu, kuring moal rék lumpat, sabab tanggung jawab ti raja téh beurat pisan.”
“Auuummm.... hahahaha... puguh da uing téh bodo. Geus moal metu ékol modél kitu mah hahahaha...”
“Naha bet teu percaya?” peucang pias.
“Sabab urusan nu kitu mah pasti bakal dikawal ku sato pantar kuring. Atawa singa. Nya pokona mah ku sato-sato gedé tur garalak!”
“Lah... baé teu percaya mah...”
“Tapi..., ké... ké... ké... na nu kumaha rupana beubeur raja téh?” maung tungtungna mah panasaran ogé. Ceuk pikirna, saumur nyunyuhun hulu asa can kungsi ngadéngé beubeur raja.
“Euuhh... tinggaleun jaman atuh...” peucang ngahaja ngaléléwé.
“Mun bener aya, cing pék geura témbongkeun. Uing hayang nyaho!”
“Teu pisan-pisan kulan...”
“Naon maksud andika hah!”
“Teu wani kuring mah némbongkeun éta beubeur. Sabab dipiwarangna gé ukur nungguan.”
“Nyanéh dék baha hah! Teu apal yén nyawa nyanéh aya dina tungtung sihung uing!”
“Sumuhun... percanten” peucang popoyongkodan.
“Sok! Mana uing ningali!”
“Euu...”
“Buru‼! Atawa, nyanéh mah hayang dikerekeb meureun?”
“Ampuunn... ampuunn... tapi, kuring sieun kénéh ku raja.”
“Baé! Urusan uing éta mah!” maung beuki panasaran.
“Nya ari keukeuh-keukeuh teuing mah, ka dieu atuh sing dekeut bisi aya cakcak bodas..”
“Ha ha ha ha... nyanéh dék nipu ka uing nya? Sorriii... uing moal katipu!”
“Nya enggeus ari embung mah...” peucang beuki pias.
“Euu... jadi bener nyanéh téh moal nipu?”
“Ihh.. piraku, teu wararantun teuing...”
“Nya sok atuh! Mana beubeur téh?”
“Tah geuning...” peucang nuduhkeun ka nu ngajepat hareupeunana. “Ka dieu atuh, sampeurkeun sing deukeut... ngarah écés.”
Teu loba pikir, maung ngadeukeutan anu ngajepat “Enya! alus beubeur raja téh euy, meuni hérang kieu.”
“Nya enya atuh! Piraku beubeur raja butut?”
“Kira-kirana bisa teu lamun uing ngajaran maké?”
“Euu....”
“Hayang dikerekeb‼” maung mureleng.
“Teu tiasa! bujeng-bujeng ka dianggé, dicepengan gé teu kenging cenah.”
“Ceuk saha teu meunang?”
“Raja nu sasauran...”
“Bet jadi panasaran uing mah. Dék ngagugu ka uing moal siah hah?!”
“Ulah nyingsieunan kitu atuh, geus puguh kuring mah sieun kénéh ku raja batan ku Anjeun.”
Aauuummmm... maung némbongkeun sihungna. Peucang kokompodan.
“Ari keukeuh-keukeuh teuing mah, nya kuma anjeun wé, ngan kuring boga paménta.”
“Naon?”
“Sangkan kuring teu katanyaan ku raja, kuring dék indit heula ti dieu ngarah boga alesan....”
“Heug!” maung atoh pisan.
“Tah engké, lamun kuring geus jauh pék éta beubeur paké.”
“Enya!”
“Tapi...”
“Naon deui?!”
“Kudu nurut kana kodeu ti kuring, lamun ceuk kuring “paké” rap éta beubeur téh paké. Sakitu paménta ti kuring mah.”
“Hahahaha... pira sakitu, gampang! Tapi awas siah mun ngabobodo. Dikerekeb ku uing‼!”
“Moal atuh...”
Bérés cacarita, berengbeng peucang lumpat, sakalumpat-lampét. Sanggeus rada jauh, peucang ngagorowok. “Paké, paké…! Paké!”
Demi ngadéngé peucang ngajorowok, teu tata pasini deui rap éta beubeur anu ngajepat téh dibeulitkeun kana cangkéngna. Atuh puguh wé éta beubeur téh jol meulit kana awakna tarik pisan, sabab geuning anu dimaksud beubeur raja téh singhoréng oray welang anu kacida gedena.
Teu sabaraha lila, cangkéng maung téh ngaleutikan kapeureut ku bedasna tanaga oray.
Sumber ti mangle' online
No comments:
Post a Comment