NGUSIR JURIG

Ngusir Jurig
Kénging H. Usep Romli, HM

Keur jaman aya AbahDukun Juhadma, sakur urusan goib nu kajadian di lembur Pasir Bulistir, pasti jadi bageanana. Nu gering, nu cilaka, nu kabadi, nu kasurupan, jeung sajabana, nu dipatula-patalikeun kana kahirupan alam jurig, jin, onom, setan, siluman sileman saparakanca, Abah Dukun Juhadma bageanana.
Bakat ku geus legok tapak genteng kadek, Abah Dukun Juhadma mah, tara kudu nenjo heula jalma nu kasibat. Karek dibejaan Si Anu ngagerebeg kasurupan, langsung we Abah Juhadma nyarita :
“Lah paling dideukeutan ku balad-balad Si Zalitun eta mah. Lain tadi subuh ka pasar ?”cek Abah Dukun yakin pisan.
“Enya, Abah. Pan unggal janari ge si eta mah matuh ka pasar,”tembal nu ngabejaan.
“Keun bagean Abah…sayagikeun bae lalawuh matuh keur ngusir nu teu pararuguh. Heueuh, duwegan ngora, surutu, patukuyan,nu pokona heula. Keun kabutuh sejenna mah engke, geus puguh adu hareupan….”
Duwegan ngora, surutu, parukuyan, memang senjata andelan Abah Dukun keur ngusir jurig nu datang ngusik-ngusik kahirupan manusa. Nu gering kumaha bae, asal panyakit holna ti jurig, sok diasongan parukuyan ngebul ku puruluk menyan. Dibura ku cai duwegan. Diserebung haseup surutu. Malah lamun jurig mantangul,jalma nu kakeunanana, kudu diulasan getih hayam rengge, adonan surabi, atawa naon bae nu ceuk Abah Dukun dikudukeun. Hasilna, sakapeung jurig teh gancang nyingkah. Sakapeung hese beleke.
Kungsi Mang Sarkon ngagerebeg. Ukur satengah jam geus eling deui. Terus ngalempreh. Gering biasa. Panas tiris meunang saminggu.
Tapi Nyi Murniah mah, nepi ka tilu jam adug lajer. Kasarumahan jurig rupa-rupa. Jurig ti kidul, ti kaler, ti kulon, ti wetan. Malah ti sesela bumi jeug sisi langit sagala rupa. Ceuk nu nyaksian, lamun lain Abah Dukun Juhadma nu ngayonanana, teuing kumaha nasib Nyi Murniah. Meureun eta randa geulis ngora keneh the pasti diboyong ka mana boa. Dijadikeun prameswari mahluk nyiliwuri.
“Untung Abah Juhadma tagen jeu tapis. Ku nu kumaha wae oge moal bobor karahayuan, “ceuk Omonm nu mindeng nandean surut urut atawa sesacai duwegan sanggeus meunang paidin ti Abah Dukun.
Duka sabaraha puluh taun Abah Dukun Jumad jadi tunggul lembur dina nyanghareupan sinuku siwulu-wulu ti alam beh ditu. Boa moal kurang ti genep puluh taun. Apan Komar nu ayeuna nincak umur 40 taun, keur umur lima taun, disunatan ku Abah Dukun Jumad. Da sajaba ti ngadukun teh, Abah Dukun Jumad ge ngarangkep jadi bengkok. Tukang nyunatan.
“Ayeuna Abah Dukun Jumah hirup keneh. Wanian keneh ngalawan jurig. Hanjakal teu nurun ka anak-anakna,”Komar cacarita ka batur-baturna sabot ngaronda di garduh.
“Mun basa ilaing disunatan umur tilu taun, Abah Dukun umur harita umur 40 taun, meureun ayeuna umurna geus 77taun nya, “Ganda, guru honorer di SD nu ngan hiji-hijina di wewengkon eta, nembrong.
“Moal kurang ti sakitu…malah leuwih ge teu mustahil Saratus taun upamana,” cek Komar deui.
“Paingan atuh, beuki sakti tambah gagah, dan bejana nu ngulik elmu pahodaman mah, beuki kolot beuki kebel elmuna,”Mansur, tukang domba, ngengklokan. “Ngan ku nanahaon anak-anakna, komo incuna, euweuh nu hayang nuturkeun nya.”
“Teuing atuh. Bejana beurat sarat-saratna hayang jadi dukun lepus teh. Kudu ngisat awak, nyengker hawa napsu, katut rea-rea deui, sangkan martabatna leuwih hebat ti batan jin setan nu are dilawan,” Komar nerangkeun.
“Heueuh, komo cenah kudu dimimitian ku puasa mutih. Opat puluh poe opat puluh peuting teu kararaban nanaon.Mati geni bari ngadaplok di para hawu. Tempo buka, heueuh geus opat puluh poe opat puluh peuting puasa, ukur ngaregot cai herang…..”Mansur nerangkeun. “Saha nu daek jaman kiwari kikituan, saincak-incak dahareun wungkul. Geura we ari uing nyiar domba ka pilemburan, teu weleh ngangseu seungit pasakan ti unggal imah. Bangsaning gurang-goreng, ungan-angeun…”
“Malah ceuk beja, nepi ka ayeuna ge Abah Dukun mah tara dahar sangu beye atawa pulen. Eta we bangsa kerak garing, cangkaruk mulud, aron….”cek Komar.” Malah lalab-lalab bangsa kangkung, genjer, saladah, katut nu leuleus-leuleus mah, dicadukeun. Cenah mun hayang lalab, Abah Dukun mah ngala daun hampelas atawa reunghas, dicoelkeun kana sambel cengek wungkul….”
Geus lima taun ti barang diomongkeun di garduh, Abah Dukun Juhadma maot. Biasa we sakumaha maot mahluk hirup. Gering heula, terus sakarat, nepi ka lesna ngaleupaskeun nyawa. Diurus sakumaha mayit jalma Islam. Komo aya salah saurang incuna, nu masantren nepi ka hatam, nu geus biasa ngaweredonan, ngaboehan. Nepi ka nyalatkeun jeung ngurebkeun sarta nelekin.
Duka geus terus rasa yen akina maot bakal pada ngomongkeun, duka ngajaga kamungkinan sumebarna kagorengan salelembur,beres nyalatkeun di tajug, Ujang Sarmin, incu Abah Dukun Juhadma nu geus nyangking tetelahan Ustadz Amin, menta persaksian heula ti nu nyalatkeun. Yen akina teh jalma iman jeung Islam. Sanajan keur hirupna kaceluk jadi dukun, hiji pagawean nu dicempad ku aturan agama, jeung dilarang keras ku Alloh SWT katut RosulNa, tapi dipiharep henteu pukah kaimanan jeung kaislamana.
“Ieu perlu ditandeskeun, “cek Ustadz Amin. “Bisi engke aya isu, pajah bakal aya ririwa. Arwah marakayangan. Heg neumbleuhkeun ka Abah, pun aki. Lantaran tadi geus disakseni ku sarerea, yen Abah teh iman jeung Islam, tangtu bakal siap nanggung risiko di alam kubur. Mun Abah kenging rohmat Alloh mangrupa rohmat kubur, bakal betaheun di dinya. Moal kudu ngulayaban ka alam dunya. Kitu deui mun kudu nandangan siksa kubur, nya kumaha pibisaeun ngejat ? Komo ngaririwaan nyingsieunan jalma. Nepi ka masjid ngagadak sepi. Taya nu berjamaah magrib, isa jeung subuh. Pajah teh sieun ririwa. Komo pasaran urut ngagotong mayit nanggeuh luareun paimbaran.”
Tapi dasar uyah tara tees ka luhur, Ustadz Amin ge bet kapeto kudu daek ngubaran jalma-jalma gering nu kasarumahan jurig. Persis kawas akina baheula. Nya ditedunan be. Ngan sarat katut tatacarana jauh pisan jeung akina, Abah Dukun Juhadma jenatna.
“Peryogi duwegan, Ustadz?” cek hiji jalma nu ngahaja ngogan, pedah anakna mojang jekekan meujeuhna menter, kasurupan ti isuk-isuk nepi ka rek lohor adug lajer keneh.
“Kantenan we, raos meureun ngalandongan nu teu damang, ngaleguk heula cai duwegan,”tembal Ustadz Amin.
“Jantenkangge Ustadz?” nu ngogan ngajenghok.
“Muhun. Kangge saha kitu?”
“Pedah we jaman tuang eyang mah, cai duwegan kangge arwah nu nyarumah.”
“Keun we jaman aki mah. Pan ayeuna geus sagala robah.”
Barang srog ka nu gering, ujug-ujug gorowok nu nyurup teh menta cai duwegan.
“Entongm, entong dibere. Pan tadi ge eta mah hancengan abdi,”Ustadz Amin nyegah. Atuh duwegan nu geus dipesek rek diasongkeun ka anakna, teu tulus, da gancang di jewang. Leguk ditotor disakalikeun. Eureuleu Ustadz Amin teurab.”Na aya ciduwegan amis-amis teuing. Lebar mun kudu diinumkeun ka jurig. Cing tarok, keruk kalapana. Sakalian jeung kurud gula beureum….emh, kalapa jeung gula tea, pelem…..”
Kawasna, jurig nu nyurup keuheuleun diledek. Budak abrug-abrugan, gogorowokan. Sorana agem.
“Ahhaing mohoal nyingkah lahamun caahan dibehhere ngihhhinum cahhai duwegehan….”
“Kuma sia…hayang mah ngala ku sorangan ka dituh. Naek, pesek. Nyapekeun batur !” Ustadz Amin molotot ka budak nu kasarumahan.
“Ehhh…sssiihhhia sssahaaa wani wani ngalawahhan aing?” sora jurig muni deui.
“Aing jelema. Tangtu wani sabab harkat darajat aing leuwih mulya batan sia nu ukur bisa nyelegon dina jasad jalma !”Ustadz Amin nyentak.
Jurig teu eleh geleng. Pok nyarita deui :
“Eh sia….teu nyaho aing saha?”
“Nyaho !”gancang Ustadz Amin nembalan ku sora teugeug.”Sia lain lain Si Jalitun jurig pasar, pasti Si Wasinun nu sok nyilakakeun batur. Atawa Si A’was nu sok ngagebruskeun jalma kana maksiat. Teu mustahil sia Si Hilaf, tukang mabok inuman keras. Atawa Si Murrah nu gawe ngengklak dina raramean….Aing apal ka kabeh balad sia…ka Si Laqus nu tukang nyasarkeun akidah manusa, ka Si Mussawit tukang nyebarkeun beja infotai. Ka Si Dasim nu sok ngadodoho di juru imah. Ka Si Walhan tukang ngagoda jalma nu keur ibadah jeung amal soleh….Sok sia ngaku !” Ustadz Amin nunjuk rorek.
“Lain…lain…Aing mah Raja Gunung Kucubung…. Piraku sia teu engeuh !”jurig nembalan.
“Teu..teu…aing teu wawuh ka raja kajajaden kawas sia. Ngaku-ngaku raja Gunung Kucubung. Cing aing neuleu bisluitna…..Mun ka Raja Arab Saudi aing apal…ka Raja Brunei, ka Raja Inggris…sanajan ukur tina tivi oge. Ari sia? Mun enya raja mah…meureun saia kasohor, kaberitakeun dina media. Gunung Kucubung, huhh….tempat nyayang bedul……”Ustadz Amin ngajejeleh.
“Deuleu siah mata aing, disebrot siah…nepi ka sia serab…..”jurig masih keneh satekah polah ngalawan
“Sok ka dieuh !”Ustadz Amin mencrong panon nu kasurupan kalawan teungeung jeung wibawa. “Sok aing sebrot…serab keneh ku batre siah, batan ku sorot panon sia….”
Jurig teu kuateun ngadu pelong. Kelemes, kelemes, guprak nu kasurupan leuleus. Ngalenggerek sakedapan. Tuluy lilir bari morobot istigfar. Eling weh.
“Tah mun kitu ti tadi istigfar. Pasti moal kasurupan jurig jarian….tadi lila teuing di cai nya?”Ustadz Amin ngalelekan. Dijawab ku unggeuk.
Geus puguh budak cageur, Ustadz Amin mapatahan kolotna, sangkan telik ngaping ngajaring laku lampah budak sapopoe. Kudu daek mapatahan. Nyaram kana salah, nitah kana bener.
“Tadi ieu Si Eneng ngadon nyirekem di cai aya kana dua jamna, nanahaon gawe atuh ?”Ustadz Amin ngalelekan.
“Da….da…rerencangan ngahape wae dugi ka abdi teu kaur brus mandi,”jawab budak ABG semu era.
“Tah kudu digeunggeureuhkeun atuh ku emana jeung ku abahna,”Ustadz Amin ngawawadian ka kolotna.
“Nyeta tara daek dicaram budak teh, Pa Ustadz,”jawab indungna hareugeueun.
“NYa ari embung dicaram mah, keun bae atuh sina unggal waktu kasarumahan…”Ustadz Amin nyungkun.
“Punten Ustdaz, dupi eta murangkalih kasarumahan jurig naon?” hiji awewe kolot nanya.
“Ku jurig cai, bongan nyirekem dua jam di cai. Terus ku jurig hape, bongan terus-terusan hahapean, nepi ka poho kana nanaon. Nu kitu tah pikaresepeun jurig,”Ustadz Amin pamitan ka pribumi.***

Sumber ti : mangle' online

1 comment: