DIWADALKEUN KA SILUMAN BAG.2
Di jalan katingal ku kuring réa jelema nu balawiri, tapi teu aya nu barangbawa—teu aya nu nyuhun atawa nanggung, kabéh laléngoh baé. Jeung teu aya sasatoan ngulampreng. Ari imah mah rempeg.”
“Kumaha jelema-jelemana sarua jeung urang-urang?” Ki Lebé nanya.
“Sarua pisan, teu aya bédana, ngan teu aya nu wawuh. Pasarna, ramé deuih, boh ku nu baralanja boh ku nu daragang, teu bina jeung di Pasar Salasa. Ti kajauhan ku kuring katingal aya gedong dibénténg luhur, di hareupna maké lawang sakéténg. Ceuk kuring ka Sabakangkang: ‘Jauh kénéh kitu, ieu téh?’
Jawabna: ‘Tuh geuning geus katémbong!’ bari nunjuk kana gedong nu dibénténg téa. Teu lila geus nepi. Lawang sakéténg téa dijaga ku gulang-gulang kénca katuhu, bari nyarekel tumbak. Barang nénjo Sabakangkang, gulang-gulang téh tarungkul maréré hormat. Ari ka kuring pada marelong. Sup Sabakangkang asup, dituturkeun ku kuring. Enya agréng karatonna téh. Bus kuring arasup ka paséban. Harita Demang Kalangburang, diuk dina korsi gading, di hareupeunana hempak nu ngadareuheusan. Ningal Sabakangkang datang, tuluy ngahiap-hiap. Brek Sabakangkang sila hareupeunana.
‘Ari itu saha?’ omongna bari nunjuk ka kuring nu harita nangtung di gigir. Nu araya kabéh marelong.
‘Ki Maléndra, jelema jail! Témbalna.
‘Euh, Ki Maléndra urang Tegalampar anu kasohor rongkah téa?’
‘Enya!’ jawab Sabakangkang.
‘Diuk Maléndra!’ omongna ka kuring. Kuring brek diuk.
‘Kumaha lantaranana, nu matak manéhna bisa datang ka dieu?’
Derekdek Sabakangkang nyarita:
‘Tadi pabeubeurang kula ngalantung ka taman, niat nyalayakeun pikir. Teu lila katingal Ki Maléndra ngajega di jajalaneun, rék megat kaula. Ari rét kula ka luhur kana gawir, katingal Babah Kan Sun—nu kocap weduk téa, keur ngincer sirah kula ku tumbak. Kula taki-taki. Barang creb…tumbak milepas, sebrut…kula narajang. Ki Maléndra nu pajar gaga téa. Durukduk…digusur,’ omongna bari nyikikik seuri.
Haté kuring jadi panas, gereyem mapatkeun pituah aki. Héab hawa panas minuhan paséban. Nu karumpul kabéh arélékésékéng, sawaréh maruka kancing, tingharéwos nyebutkeun hareudang. Malah Demang jeung anakna ogé, késangna munggah ngalucur.
‘Na, aya panas kabina-bina teuing!’ omongna bari nyusutan késang.
Jawab nu hempak: ‘Enya! Munggah asa dirérab!’
Ceuk kokolot nu diuk gigireun Demang: ‘Itu sémah nu mawa sangar téh! Bari nunjuk ka kuring.
Demang Kalangburang neuteup ka kuring mani anteb pisan, omongna: ‘Maléndra!’
‘Andika di dieu nyémah. Ku kami diaku kalawan soméah. Didiukkeun, malah rék disuguhan. Tapi ku naon andika bet réa tingkah, nyieun sangar ka Limbungan. Témbongkeun, yén ndika sémah hormateun!’
‘Hadé!’ ceuk kuring. ‘Tapi Sabakangkang ulah sina sindir sampir baé ka kula!’
‘Moal, ditanggung ku kami! Omongna. Sabakangkang ngarérét ka kuring ku juru panon. Gereyem kuring mapatkeun pamepesna. Rep panas rerep, késang taruus deui.
Nu araya pada héran.
Sanggeus nu dariuk arayem deui, pok Demang Kalangburang nyarita ka anakna: ‘Kieu Kangkang, nu matak Bapa ngumpulkeun kokolot-kokolot téh, ieu keur ngabadamikeun ondangan ti Demang Tegal Ula. Ari perkara keur babawaaanana mah geus bérés. Ngan nu bingung kénéh téh éta di ditu poé-poé ieu ménta dikirim nu bisa meuncit hayam. Di urang teu aya pijelemaeunana!’
‘Kaula tukangna !’ ceuk kuring. Nu araya kabéh ngalalieuk.
‘Lakadalah, sukur lamun enya. Kami asa ditulungan kasusah !’ ceuk Demang Kalangburang bari ningal ka kuring.
‘Teu kudu!’ ceuk Sabakangkang sorana ngadégdég.
‘Teu kudu naon, Kangkang ?’ ceuk bapana kagét.
Nu araya kabéh curinghak.
‘Teu kudu ka ondangan jeung teu kudu ngirimkeun tukang meuncit hayam!’
‘Na, kunaon ?’ ceuk bapana deui.
‘Da Bapa mah teu milu ngarasakeun kanyeri anak. Piraku Bapa teu nyaho, kapan nu rék dikawinkeun téh … bébéné kaula, anu lucu Cilacingkrung. Ehm geulis … kieu geuning rasana ari euweuh nu nyaah. Bapa sorangan gé, sumawonna mun béla !’
Gempungan jempling.
Lila-lila Demang Kalangburang pok deui ngomong : ‘Enya Kangkang, Bapa gé lain teu nyaho. Tapi da salah manéh, naha heunteu nyarita ti baréto. Ayeuna mah geus leuir teuing, geus kapiheulaan ku Ki Bincuranghérang, anak Demang Warudoyong. Lamun urang ayeuna teu datang jeung teu nyumponan paméntana, kawas naon engké Demang Tegal Ula jeung Demang Warudoyong ka urang. Palang siang baris ngarurugan perang.’
‘Tapi … Jeneng Demang,’ ceuk hiji kokolot anu diuk tukangeun Sabakangkang,’ ceuk kaula mah tacan leuir, da Bincuranghérang jeung Cilacingkrung téh tecan karawin, kakara arék !’
‘Enya, tapi kapan geus ondang-ondang. Lamun ku urang di ganggu, pisakumahaeun teuing pigujrudeunana ?’
‘Gujrud heunteuna mah kumaha engké baé …. Jeneng Demang!’ ceuk nu nyarita tadi. ‘Atuh kudu baé perang, pan urang tukangna. Geuning baheula ogé basa urang hirup kénéh di alam manusa kawas naon katawuranana balad petol diubrak-abrik ku urang. Kasedekkeun soténan urang ka dieu, bané baé baladna ditambah mangéwon-éwon.’
‘Kumaha saenyana maksud andika téh?’ ceuk Ki Demang.
‘Ari ceuk kaula mah geus jadi kakuduan, urang mélaan anak!’
Reup geuneuk Demang Kalangburang beureum, nambaga atah beuleum! Éra jeung ambek, lantaran diweweléh. Omongna heuras:
‘Kami lain embung mélaan anak, tapi… mémang gampang ari ngomong mah. Inget, urang kudu nyanghareupan dua Kademangan. Na kira-kira urang baris kuat?’
Jempling.
‘Mun kaula meunang milu nyarita,’ ceuk kuring, ‘kaula boga pamanggih!’
Sabakangkang ngalieuk ka kuring.
‘Puguh baé meunang mah,’ ceuk Demang Kalangburang.
Ceuk kuring: ‘Mémang enya, Sabakangkang kudu dibélaan!’
Sabakangkang ngalieuk deui ka kuring bari giak.
‘Tapi sabisa-bisa kudu hérang caina beunang laukna. Kudu ku akal anu lantip, ulah matak jadi kagoréngan, komo jeung ngajadikeun peperangan sagala mah. Kajaba lamun geus teu aya deui jalan!’
‘Taah, tah, alus pamanggih téh!’ ceuk Demang Kalangburang. ‘Cing, cing, kumaha akal nu lantip téh?’
‘Perkara akalna mah pasrahkeun ka kaula baé. Éngke kaula rék badami jeung Sabakangkang. Ngan kaula perlu indit ka ditu ayeuna-ayeuna, pikeun nalungtik kaayaanana.’
Sabakangkang pindah diukna ka deukeut kuring, malah tuluy ngarangkul, bari ngomong: ‘Teu sangka, geuning ieu téh pi-nu béla-eun ka kaula. Boro tadi mah ku kaula dijejeléh. Hampura baé, nya!’
‘Can puguh hasil, Kangkang.’ Ceuk kuring.
‘Najan teu hasil, tetep andika rék diaku dulur!’
‘Hadé, Maléndra!’ ceuk Demang Kalangburang, ‘Kami masrahkeun ka andika sarta kami jangji, lamun usaha andika hasil, kula rék kaul: sakahayang andika rék dicumponan. Isuk andika rék dianteurkeun ka ditu ka Tegal Ula ku gulang-gulang, pikeun jadi jagal hayam….Hé, arandika kabéh’ omongna ka nu karumpul, ‘Ayeuna mah meunang balubar baé. Pagéto omat karumpul deui, urang bareng ka ondangan téa!’ Kumpulan bubar.
Kuring diaku di “kaputran” Sabakangkang. Sapeupeuting terus babadamian, piakaleun ngarebut bébénéna téa.
Isukna isuk-isuk, kuring geus saged. Nu rék jajap, gulang-gulang ngaran Balaketa jeung Balaketu, geus araya. Teu lila jol Demang Kalangburang jeung Sabakangkang daratang.
Ceuk Demang: ‘ Kumaha geus saradia?’
Dijawab ku Balaketa: ‘Sadia!’
‘Jung atuh geura arindit meungpeung iuh. Ambéh gancang, geura tarumpak Si Muih Kancang baé, tutunggangan kami!’ omongna bari tuluy gegereyeman. Teu lila. Gelebug…angin puyuh lilimbungan. Hiuk….nebak ka kuring jeung gulang-gulang. Belesat kuring jeung Balaketa-Balaketu…kebat, bari henteu napak lemah. Ku tarik-tarikna angin, panon gé méh teu bisa dibeuntakeun. Ceuli munggah hihiengan. Tirisna lain lumayan. Angin téh ngaliwat ka lebah dieu, ka wétaneun imah Ki Darma. Di dinya muihna tarik pisan, dapuran awi Ki Darma, nepi ka kawas pocongan paré. Ku kuring dirawél, durukduk…karabut ka akar-akarna…”
“Paingan, paingan!’ ceuk ki Darma bari gogodeg, “Tadi ogé geuning ku kaula geus dicaritakeun!” omongna deui ka nu réa.
Nu réa gogodeg.
“Teu lila, kuring jeung Balaketa-Balaketu, geus tepi ka nu dijugjug. Poé éta téh poé ngangkatna karia nu lilana baris tilu poé tilu peuting. Jelema-jelema geus réa. Dak-dék-dok anu narakolan suluh, wah-wih-weuh anu keur marapaésan balandongan jeung patengahan. Di pipir suluh geus numpuk, daun jati geus ngarungrung, cau turuyan geus ngahunyud. Dina sosompang Beulah katuhu, barudak ngora keur ngadarukduk nyirian barang-barang injeuman: aya korsi, samak, piring, gelas, sééng, aseupan, siwur, jeung réa-réa deui. Ari nyirianana ku apu campur gambir. Gamelan, ronggéng, geus lengkep katut panayaganana…”
‘Tuh, ceuk kaula ogé tadi!’ Aki Candra megat kalimah.
“Ti dinya kuring dideuheuskeun ka pribumi. Ku pribumi ditepungkeun jeung kokolot urusan lauk. Ari kuring geus ditarima mah, Balaketa-Balaketu tuluy baé aramitan marulang.
Ningal pigawéeun, matak wegah méméh prak. Tuda lain puluh deui atawa ratus, hayam peunciteun téh aya réwuna. Ti barang datang, teu eureun-eureun kuring meuncitan hayam. Leungeun mah mani geus asa cangkéwéng.
Na ana gebeg téh kuring ngagebeg, ningal Si Jelug jeung Si bibit cocooan kuring. Haté teu téga. Dagdagan dipénta ka kokolot lauk. Kabeneran dibikeun. Kop cenah itung-itung buruhna. Ku kuring sina dianteurkeun deui ku nu mawana…”
“Paingan Si Jelug jeung Si Bibit wararas deui,” ceuk Bapa Raksa.
“Ti jelema-jelema di dinya kuring meunang katerangan, cenah Nyi Cilacingkrung beurang peuting gawéna ngan ceurik baé, lantaran embungeun dikawinkeun ka Bincuranghérang, da geus pakait pikir jeung Sabakangkang.
Ku pitulung pangasuhna, kuring bisa rerencepan nepungan kobongna. Nampana daréhdéh pisan , da nyahoeun kuring utusan beubeureuhna.
Omongna: ‘Kumaha Kakang Kangkang cageur?’
‘Geuning?’
‘Cageur, da puguh teu gering, teu cageur, da puguh direbut bébéné!’
Cilacingkrung kembang irung.
‘Karunya,’ omongna deui lalaunan.
‘Ari parnana pisan mah, lantaran manéhna ngadéngé béja, cenah bébénéna mah geus teu ingeteun bari taeun.’
‘Ah, teungteuingeun nu méré béja!’ omongna, ‘Yeuh utusan, moal nepi ka carindul kieu uing téh, mun teu inget baé ka manéhna mah.’
“Geulis Mang, Cilacingrung téh?” Ki Sastra lulutu téa megat kalimah
“Ah, nya kitu, ukur jajar jarian. Teu jauh tina ngaranna!’ ceuk Ki Maléndra. Pok deui Ki Maléndra nuluykeun deui caritana:
“Ceuk kuring ka Cilacingkrung: ‘Ari geus, kahayang saha rék kawin ka Bincuranghérang téh?’
‘Kahayang kolot pada kolot,’ omongna ‘Da uing jeung manéhna mah boro-boro mun wawuh, papanggih ogé encan. Malah béjana, manéhna ogé geus boga kabogoh ka anak Kaliwon Tamiang ropoh. Cing atuh utusan, uing tulungan! Da Kakang Kangkang mah teu beunang diarep-arep!’
‘Puguh nya éta, nu matak ngirim utusan ogé, ku tina hayang mélaan.’
‘Hayu atuh urang minggat baé!’
‘Ké heula, sabar!’ Ulah gurung gusuh. Kahayang Sabakangkang, kudu hérang caina beunang laukna, ulah matak gujrud.’
‘Kumaha atuh? Mangkaning kapan, engké peuting dikawinkeun téh!’
‘Ulah salempang! Masih kénéh aya waktu, asal nurut baé ka kaula!’ tuluy kuring ngaharéwos, ngabéjaan anu ku manéhna kudu dijalankeun.
Sanggeus manéhna jangji rék tigin, buru-buru kuring kaluar ti kobongna, sabab di luar kadéngé jelema-jelema ngaguruh jeung gamelan nang-néng-nong lagu papalayon, tanda aya tamu datang.
Teu salah, horéng pangantén lalaki datang, digandéng ku awéwé-awéwé tengah tuwuh; diiring ku cawéné-cawénéna nu narangeuy baki kuéh; ditéma ku nu marawa barang-barang sipat nyamu, sababaraha telebug; sapandeurieun éta nu marawa parabot dapur: sééng jeung katél tambaga; aseupan, dulang jeung pangarihna; halu, lisung jeung nyiruna; gentong jeung siwurna; piring jeung séndokna; ditéma deui ku nu marawa pacul jeung kitrina; disambung ku gegedén-gegedén jeung kokolot-kokolot, di antarana indung-bapana, pangpandeurina pisan barudak bujang.
Waktu éta aleutan ngaliwat ka hareupeun kuring, kuring teu eureun-eureun mapatkeun ‘Si Balik Tingal’ bari dipelong panonna saurang-saurang.
Sanggeus diaku ku pribumi jeung didariukkeun, tuluy seserahan.
Reup peuting merul tatamu daratang, boh ti nu deukeut boh ti nu jauh.
Demang Bitungwulung satumenggungna, Demang Tamiangropoh sakorawana, Dalem Tuurpugur sabaturna, Ménak Putatsemplak sabaladna, Kalangburang Sabakangkang sapangiringna. Aya nu tarumpak angin barat, aya nu tarumpak angin puyuh, aya nu tarumpak angin topan.
Gamelan teu eureun-eureun Papalayon.
(Nyambung Ka Bag.3)
No comments:
Post a Comment