SASAKALA KEUYEUP DINA AWAKNA AYA TAPAK SUKU MUNDING
Ku kapinteranana, Sakadang Peucang jadi raja di sampalana banténg, munding, kuda, uncal, jeung mencek.
Dina hiji poé, peucang leutik anak raja ulin di sisi tegal, mulungan buah malaka asak kabeukina. Keur ngeunah-ngeunah ngahakanan buah malaka di nu iuh, handapeun tangkal nu meuhpeuy buahna, ana breng téh birat sato-sato ti tegal lalumpatan. Banténg sapi jeung pédétna, kuda jeung belona, munding jeung énéngna, uncal jeung kopong, paburu-buru ka leuweung tingcaringeus, sabab aya pikasieuneun, nya éta papatong hihiberan luhureun tegal.
Sato-sato lumpatna awahing sieun, balangah teu nénjo tincakeun. Leyé baé munding pelén gedé nincak anak raja peucang, nu keur tumaninah depa ngahakanan buah malaka asak téa.
Anak peucang ngadengék nyerieun, matak reuwas sakur nu aya, sarta tuluy bapana dibéjaan. Raja peucang, bapana, karunyaeun ka anak, tuluy maréntah supaya munding ditéwak dibawa ka pangadilan. Raja peucang teu suka, ka hakim ménta sangkan si munding dihukum, bongan balangah. Hakimna singa, panghuluna banténg, jaksana kuda, réngrénganana mah rupa-rupa sato séjén. Sakabéh sato aya dina sidang pangadilan.
Cék Singa, ”Naon sababna manéh munding, lumpat téh nyilakakeun anak raja?”
Cék munding, ”Kula lumpat téhlantaran sieun ku papatong. Sabab hihiberan baé di luhureun tegal, tempat kula nyatuan, kawas-kawas arék nyamber kula. Kula sieun dibawa ka luhur.”
Cék singa, ”Ku naon manéh papatong maké arék nyamber munding?”
Cék papatong, ”Kula mah ngalayang sotéh lain arék nyamber munding, tapi ngigel ngeunah ditabeuhan ku belentuk. Kang-king-kung dina balungbang!”
Cék singa, ”Naha manéh belentuk, maké nabeuhan papatong?”
Cék belentuk, ”Na, da kula mah lain nabeuhan papatong, tapi nabeuhan kéong jeung tetenggek, ka mana mendi téh mamawa baé imah.”
Cék singa, Naha manéh kéong, tetenggek, mamawa baé imah, matak baé ditabeuhan belentuk.”
Cék kéong jeung tetenggek, ”Dibabawa sotéh imah, lain hayang ditabeuhan belentuk, tapi sieun kasundut cika-cika mamawa baé obor, seuneuna ucas-acos matak hariwang batur. Kumaha mun imah kula kahuruan.”
Cék singa, ”Naha manéh cika-cika mamawa baé obor, matak baé ngahariwangkeun batur. Tuh geuning kéong jeung tetenggek mamawa baé imahna ka mana mendi téh, da sieuneun karérab ku obor manéh!”
Cék cika-cika, ”Duka kula mah mawa obor sotéh lain rék ngaduruk imah batur, tapi sieun tiporos kana liang keuyeup. Sapaparat galengan liang keuyeup baé. Mun kula tiporos téh saha nu baris nulungan?”
Cék singa, ”Naha keuyeup manéh gagabah teuing. Nyieun liang téh méakeun tincakeun batur? Heug baé cika-cika kapaksa mamawa obor ari indit-inditan téh, sabab sieun tiporos!”
Cék keuyeup, ”Nyieun liang-liang sotéh kula mah sieun ku hurang, sieun kacolok panon. Da kumisna cararang, sukuna raranggoas.”
Cék singa, ”Naha hurang manéh téh ku matak rungkangeun batur? Tuh, keuyeup ogé rungkangeun ku kumis manéh, mana nyumput gé nyieun liang!”
Cék hurang, ”Kumis-kumis kula, dibawa-bawa ku kula. Sakadang keuyeup baé éta mah salah sorangan maké borangan.”
Cék singa, Tah, atuh keuyeup anu salah téh, sarta kudu dihukum. Pék ayeuna tincak tonggongna ku munding, cara anak raja peucang téa!”
Tuluy tonggong keuyeup téh ditincak ku munding.
Tug tepi ka ayeuna, dina tonggong keuyeup aya nu siga tapak urut cékér munding.

Sumber: Ki Umbara. 2006. Dongéng-Dongéng Sasakala.
Bandung: CV Geger Sunte
No comments:
Post a Comment