SAYYIDUL ISTIGFAR

ﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺃَﻧْﺖَ ﺭَﺑِّﻲْ ﻻَ ﺇِﻟَـﻪَ ﺇِﻻَّ ﺃَﻧْﺖَ، ﺧَﻠَﻘْﺘَﻨِﻲْ ﻭَﺃَﻧَﺎ ﻋَﺒْﺪُﻙَ، ﻭَﺃَﻧَﺎ ﻋَﻠَﻰ ﻋَﻬْﺪِﻙَ ﻭَﻭَﻋْﺪِﻙَ ﻣَﺎ ﺍﺳْﺘَﻄَﻌْﺖُ، ﺃَﻋُﻮْﺫُ ﺑِﻚَ ﻣِﻦْ ﺷَﺮِّ ﻣَﺎ ﺻَﻨَﻌْﺖُ، ﺃَﺑُﻮْﺀُ ﻟَﻚَ ﺑِﻨِﻌْﻤَﺘِﻚَ ﻋَﻠَﻲَّ، ﻭَﺃَﺑُﻮْﺀُ ﺑِﺬَﻧْﺒِﻲْ ﻓَﺎﻏْﻔِﺮْ ﻟِﻲْ ﻓَﺈِﻧَّﻪُ ﻻَ ﻳَﻐْﻔِﺮُ ﺍﻟﺬُّﻧُﻮْﺏَ ﺇِﻻَّ ﺃَﻧْﺖَ


"Allahumma anta robbii laa ilaaha illaa anta, kholaqtanii wa anaa ‘abduka wa anaa ‘alaa ‘ahdika wa wa’dika mastatho’tu. A’udzu bika min syarri maa shona’tu, abuu-u laka bini’matika ‘alayya, wa abuu-u bi dzanbii, faghfirlii fainnahuu laa yaghfirudz dzunuuba illa anta"

”Ya Allah Engkau adalah Tuhanku, Tidak ada sesembahan yang haq kecuali Engkau, Engkau telah menciptakanku, sedang aku adalah hamba-Mu dan aku diatas ikatan janji-Mu dan akan menjalankannya dengan semampuku, Ku berlindung kepadamu dari segala kejahatan yang telah kuperbuat, aku mengakui-Mu atas nikmat-Mu terhadap diriku dan aku mengakui dosaku pada-Mu, maka ampunilah aku, sesungguhnya tiada yang mengampuni segala dosa kecuali Engkau”
(HR. Bukhari no. 6306)

SASAKALA MAUNG LEUTIK CANGKE'NGNA

Sasakala Maung Leutik Cangkengna


Usum paceklik di hiji leuweung. Halodo anu banget nepi ka sakabéh sasatoan kakurangan ku hakaneun. Bungbuahan, beubeutian, jeung jujukutan kabéh gararing...

Sakali mangsa maung keur anteng néangan kahakanan, kabeneran aya peucang keur ngahuleng, jiga nu susah. Éta peucang téh begang, ngajangjawing kari tulang jeung kulit.
Sabot peucang keur ngalamun, Gauuur...‼! Maung ngagauran tarik pisan. Peucang kacida reuwasna. Késang tiis ngagarajag maseuhan awak. Maung ngadangong, bangun sagep-gepeun rék ngerekeb manéhna.
Peucang teu bisa kukumaha. Ceuk pikirna, najan lumpat gé moal burung kaudag, da puguh baroraah keur lumpat, pan tanaga sakieu sudana. Ahirna peucang sumerah diri ka nu kawasa, bari ngadunga ménta sangkan dipanjangkeun umur, sarta disalametkeun tina bahaya dina waktu ayeuna.
“Agan maung, ulah gagauran kitu eum, kuring mah kari dikerekeb baé. Tapi...,” peucang ngawani-wani.
“Heeemmm.‼!”
”Ari ceuk kuring mah, leuwih hadé néangan mangsa anu lintuh. Da kuring mah batan sakieu, moal matak seubeuh. Pan apal ku anjeun, kuring mah begang, kari tulang hungkul.”
Maung ngagaur deui. Kawas nu ngahaja sangkan peucang beuki gimir.
“Héy‼! Peucang, teu ngarti uing mah. Naon maksudna andika tenang-tenang cacarita kawas kitu? Pan biasana gé sok terus lumpat mun ningali uing téh?”
“Rumasa, euweuh tanaga keur ngejat-ngejat acan..” peucang ngalengis.
“Terus..., ku naon anjeun ngahuleng?”
“Ohh... masalah éta...” peucang katingali bangun atoh, meunang lolongkrang.
“Enya?!”
“Kuring teu lumpat téh bisi hayang nyaho mah..., jeung kitu gé mun percaya ka kuring, yén kuring téh keur meunang tugas ti raja. Dititah nungguan beubeurna di dieu. Tah ari raja keur lunta, nyiar kadaharan keur urang saréréa.”
“Na bener éta téh?!” maung muncereng, nembongkeung sihungna anu ranggéténg.
“Ihh... piraku bohong! Tah kulantaran kitu, kuring moal rék lumpat, sabab tanggung jawab ti raja téh beurat pisan.”
“Auuummm.... hahahaha... puguh da uing téh bodo. Geus moal metu ékol modél kitu mah hahahaha...”
“Naha bet teu percaya?” peucang pias.
“Sabab urusan nu kitu mah pasti bakal dikawal ku sato pantar kuring. Atawa singa. Nya pokona mah ku sato-sato gedé tur garalak!”
“Lah... baé teu percaya mah...”
“Tapi..., ké... ké... ké... na nu kumaha rupana beubeur raja téh?” maung tungtungna mah panasaran ogé. Ceuk pikirna, saumur nyunyuhun hulu asa can kungsi ngadéngé beubeur raja.
“Euuhh... tinggaleun jaman atuh...” peucang ngahaja ngaléléwé.
“Mun bener aya, cing pék geura témbongkeun. Uing hayang nyaho!”
“Teu pisan-pisan kulan...”
“Naon maksud andika hah!”
“Teu wani kuring mah némbongkeun éta beubeur. Sabab dipiwarangna gé ukur nungguan.”
“Nyanéh dék baha hah! Teu apal yén nyawa nyanéh aya dina tungtung sihung uing!”
“Sumuhun... percanten” peucang popoyongkodan.
“Sok! Mana uing ningali!”
“Euu...”
“Buru‼! Atawa, nyanéh mah hayang dikerekeb meureun?”
“Ampuunn... ampuunn... tapi, kuring sieun kénéh ku raja.”
“Baé! Urusan uing éta mah!” maung beuki panasaran.
“Nya ari keukeuh-keukeuh teuing mah, ka dieu atuh sing dekeut bisi aya cakcak bodas..”
“Ha ha ha ha... nyanéh dék nipu ka uing nya? Sorriii... uing moal katipu!”
“Nya enggeus ari embung mah...” peucang beuki pias.
“Euu... jadi bener nyanéh téh moal nipu?”
“Ihh.. piraku, teu wararantun teuing...”
“Nya sok atuh! Mana beubeur téh?”
“Tah geuning...” peucang nuduhkeun ka nu ngajepat hareupeunana. “Ka dieu atuh, sampeurkeun sing deukeut... ngarah écés.”
Teu loba pikir, maung ngadeukeutan anu ngajepat “Enya! alus beubeur raja téh euy, meuni hérang kieu.”
“Nya enya atuh! Piraku beubeur raja butut?”
 “Kira-kirana bisa teu lamun uing ngajaran maké?”
“Euu....”
“Hayang dikerekeb‼” maung mureleng.       
“Teu tiasa! bujeng-bujeng ka dianggé, dicepengan gé teu kenging cenah.”
“Ceuk saha teu meunang?”
“Raja nu sasauran...”
“Bet jadi panasaran uing mah. Dék ngagugu ka uing moal siah hah?!”
“Ulah nyingsieunan kitu atuh, geus puguh kuring mah sieun kénéh ku raja batan ku Anjeun.”
Aauuummmm... maung némbongkeun sihungna. Peucang kokompodan.
“Ari keukeuh-keukeuh teuing mah, nya kuma anjeun wé, ngan kuring boga paménta.”
“Naon?”
“Sangkan kuring teu katanyaan ku raja, kuring dék indit heula ti dieu ngarah boga alesan....”
“Heug!” maung atoh pisan.
“Tah engké, lamun kuring geus jauh pék éta beubeur paké.”
“Enya!”
“Tapi...”
“Naon deui?!”
“Kudu nurut kana kodeu ti kuring, lamun ceuk kuring “paké” rap éta beubeur téh paké. Sakitu paménta ti kuring mah.”
“Hahahaha... pira sakitu, gampang! Tapi awas siah mun ngabobodo. Dikerekeb ku uing‼!”
“Moal atuh...”
Bérés cacarita, berengbeng peucang lumpat, sakalumpat-lampét. Sanggeus rada jauh, peucang ngagorowok. “Paké, paké…! Paké!”
Demi ngadéngé peucang ngajorowok, teu tata pasini deui rap éta beubeur anu ngajepat téh dibeulitkeun kana cangkéngna. Atuh puguh wé éta beubeur téh jol meulit kana awakna tarik pisan, sabab geuning anu dimaksud beubeur raja téh singhoréng oray welang anu kacida gedena.
Teu sabaraha lila, cangkéng maung téh ngaleutikan kapeureut ku bedasna tanaga oray.
Sumber ti mangle' online

RAJA JEUNG DORAN PACUL

Raja jeung Doran Pacul

Kénging Tika Yuanita

Jaman baheula, aya hiji raja nandangan panyakit teu raos tuang. Rupa-rupa ubar geus dicobaan, tapi taya nu mental. Ray poé, ray poé, salira raja anu lintuh bayuhyuh téh katémbong beuki ngorotan, ngoplok kawas karung kosong baé.
Dukun-dukun ti suklak-sikluk pilemburan terus dikelun, ajar ti saban patapaan taya nu kaliwat dikemat, sagala rupa pituduhna teu weléh dilaksanakeun. Ceuk ieu kudu ku pais piritan dituang haneut-haneut batan teurak, anggur malik murel. Ceuk itu, kudu ku beuleum peda dikucuran jeruk purut jeung minyak keletik dicocol ku sangu pulen teu ngajodo kénéh baé.
Barang sakabéh nu di péntaan tulung, geus ngarasa taak, torojol aya nini-nini. Tokroh-tokroh sumolondo ka karaton.
"Unjuk pangabaktos, Nun. Nini seja ngiring nyobi-nyobi ngalandongan panyawat Kangjeng Raja". Nini-nini cedok nyembah.
"Sanggup kira-kirana, kitu nyagérkeun panyakit kaula?" Raja mencrong, nembongkeun semu cangcaya.
"Nu tiasa nyageurkeun anging Nu Maha Kawasa. Nini mah sakadar ikhtiar," walon nini-nini.
"Heug atuh. Tapi lamun gagal, lamun panyakit kaula teu cageur-cageur, anjeun ulah sambat kaniaya!"
"Sadaya-daya. Nini dongkap sanés badé milarian hukuman, nanging badé metakeun akal tarékah ngalandongan panyawat."
"Heueuh, gera prak. Naon nu dipikabutuh?"
"Doran Kaulanun!"
"Doran?”      
Gancang gulang-gulang sina néangan doran. Henteu hésé. Ma'lum di karaton, sagala nyampak. Sok dibikeun ka nini-nini.
"Ieu doran, supados dicepeng ku panangan duanana. Sing pageuh!" ceuk nini-nini.
Raja ngagugu. Kek nyepeng doran, kumaha peta nu rék macul.
"Unggal waktos kedah diulang ka luhur ka handap. Ngawitan ti barang gugah kulem. Teu kénging waka lirén upami teu acan kaluar cikaringét,"
Papagah nini-nini di turut. Unggal poé Raja ngulang-ngulang doran aya ratus kalina teu waka liren lamun késang can ngagarajag saluar awak.
“Upami atos kiat ngulang-ngulang doran bari calik, cobian bari ngadeg," ceuk nini-nini sanggeus kanyahoan Raja ngalaksanakeun sakur pituduhna.
Raja ngagugu deui. Ayeuna mah ngulang-ngulang doranna téh bari nangtung. Tempatna masih kénéh di jero karaton.Ti dinya, ngulang-ngulang doran pindah ka buruan tukang, leuwih lila jeung leuwih segut. Terus diganti ku doran maké pacul. Dicekrukkeun kana taneuh. Raja macul.
Saeutik-saeutik, napsu tuang Kangjeng Raja mimiti pulih. Unggal reureuh tas ngulang-ngulang doran, kudu baé rampus barang tuang. Sangkilang réncangna ukur uyah jeung céngék guluntungan.
"Jadi ana kitu, panyakit kami téh tina akibat kurang gerak, meureun, nya?" saur Raja ka nini-nini.
"Leres pisan, kaulanun."
Teu mangkuk dua bulan, ti barang ngamimitian nyekel doran, panyawat Raja bener-bener sirna. Raja jagjag belejag kawas bihara-bihari. Malah jadi leuwih seseg ayeuna mah. Dada ngarubakan, sepir maleungkeuran. Patuangan dayut jeung pipi cibuy ilang musna. Kalangenan pésta jeung curak-curak di karaton, kasilih ku kalangenan anyar, puncang pancong kana taneuh. Melak kekembangan ngurus patamanan ku anjeuna nyalira.
Dina hiji poé, Raja ngayakeun gempungan agung di alun-alun, sakabéh rahayat pangeusi nagara dikeprak sina kumpul. Lajeng raja biantara, "He... sakumna pangeusi nagri, boh para gegedén, boh para somah. Bandungan caritaan kami getol digawé téh matak séhat kana awak, matak jauh tina panyakit. Ku kituna, kami umajak. Hayu urang digarawe masing getol. Lantaran karéréana di urang bangsa patani. Hayu urang getol ngulangkeun doran urang soson-soson, mencug jeung macul ngagarap sawah jeung kebon. Lamun urang getol macul tinangtu urang moal kakurangan dahareun, jeung dahareun nu nyampak ladang késang urang sorangan tinangtu bakal leuwih ni'mat didaharna.
Ceuk ujaring carita, éta karajaan jadi subur ma'mur gemah ripah loh jinawi, raweuy beuweungeun, rambay alaeun. Lantaran Raja jeung rahayatna samiuk sabilulungan garetol ngulangkeun doran ngolah tanah ngurus tatanén.***
sumber ti mangle' online

CANGKURILEUNG NYOBAT JEUNG AKI-AKI

Cangkurileung Nyobat jeung Aki-Aki

Kénging H. Usep Romli,
Aya hiji manuk cangkurileung. Mindeng hiber ka pilemburan. Pangpangna ka deukeut imah leutik padumukan hiji  aki-aki jeung pamajikanana. Éta aki-aki éstu bageur. Someah. Handap asor. Nyaah ka sasama. Kaasup ka sasatoan.
Beda jeung pamajikanana. Nini-nini  goreng budi. Gawé baketut haseum. Sengar sengor, ambek-ambekan. Teu kaop aya kakurang atawa capé ku pagawéan. 
Atuh cangkurikeung resepeun pisan ka aki-aki. Komo unggal datang, sok dibagéakeun dihiap-hiap. Disuguhan saaya-aya. Gedang atawa cau. Terus duaan macangkrama. Cangkurileung ucla-aclé dina dahan bari bacéo. Aki-aki  jongjon kaprak-keprek baranggawé. Nganyam bilik atawa nganyam parabot dapur bangsaning ayakan, boboko, hihid, jeung sajabana. Jualeun ka nu butuheun.
Wanci burit, cangkurileung ge gancang mulang ka padumukanana di leuweung.
Hiji poé, kawas sasari, cangkurileung datang ka imah aki-aki. Tapi taya nu ngabagéakeun. Kawasna aki-aki keur iang ka nu rada jauh.
Barang clé kana gantar pamoean, ujug-ujug habek aya nu neunggeul. Sihoréng nini-nini telenges geus ti tadi ngadodoho.
 “Beunang siah, manuk bangkawarah téh !”nini-nini napsu pisan. Pamatuk cangkurileung dipaksa dicekahkeun. Sret létahna diteukteuk ku péso nu geus dibabawa ti tadi. Lung dialungkeun ka luareun pager.”Jor siah mantog. Awas mun datang-datang deui ka dieu !”
Keur mah reuwas jeung nyeri, cangkurileung lenglengan kapaéhan. Untung gancang eling. Geleber hiber lalaunan. Sajajalan ceurik. Teu nyangka bakal manggih nasib sial. Kaleungitan létah sapotong. Atuh lapur teu bisa bacéo.
Meunang saminggu, cangkurileung nyirekem dina sayangna. Teu bisa kamamana. Ngadagoan létah cageur.  Baranghakan  kapaksa ku lapar.
Aki-aki ngarasa kaleungitan. Biasana ari datang ti panyabaan,cangkurileung sok mapagkeun. Nyéngclé dina pager atawa dina dahan tangkal di buruan.
“Ninina, teu nénjo cangkurileung datang tadi?”aki-aki nanya ka pamajikanana, sugan apaleun.
“Nyao !”jawab nini-nini judes.”Bororaah ngurus nu kitu patut. Ngurus pagawéan gé teu anggeus-anggeus.
Lantaran ambleng, aki-aki kapaksa indit  ka leuweung. Rék neangan sobat. Sajajalan gegeroan :

“Cangkurileung, cangkurileung
Ka mana geuningan  anjeun
Ampleng-amplengan teu datang
Ieu aki kaleungitan.”

Kitu jeung kitu, ti isuk nepi ka soré. Isukna, indit deui.
Kabeneran cangkurileung geus cageur. Geus bisa disada deui. Ngadéngé sora aki-aki, gancang ditembalan :

Aduh aki, watir teuing
Leumpang jauh mani ripuh
Bakat ku sono ka kuring
Untung geus nyampak susuguh

Handapeun kiara badag, tempat cangkurileung nyayang, aki-aki ngalungsar.  Ngararasakeun angin tiis ngahiliwir. Ngararasakeun kabungah  panggih jeung sobat.  Ka aki-aki, cangkurileung teu betus perkara kalakuan nini-nini. Cukup ku bebeja gering.
Enyaan aki-aki disuguhan sagala rupa. Bungbuahan nu aramis jeung parelem. Bongborosan nu ngepros ngeunah. Malah basa rék mulang, dititah milih hadiah nu geus ngahaja disayagikeun  ti tadi. Mangrupa dua barang ahéng. Nu hiji cepuk leutik camperenik. Nu hiji deui, peti badag dihias dialus-alus.
“Ah, nu leutik wé. Hampang mawana. Ongkoh ka dieu sotéh lain rék néangan hadiah. Bakat ku melang wé ka anjeun, cangkurileung,”cék aki-aki  saméméh indit, bari omat-omatan, sangkan cangkurileung nganjang deui unggal poé kawas sasari.
Barang nepi ka imah, cepuk dibuka hareupeun nini-nini. Eusina bangsa inten berlian, nu murub mubyar cahayaan.
“Aya kénéh hadiah séjén di padumukan cangkurileung téh, aki?” nini-nini ngadak-ngadak marahmay.
“Aya. Peti badag. Ngan moal kauntup mawana. Matak milih ieu wé nu leutik,”jawab aki-aki.
Sapeueuting, nini-nini ngageremet. Nyalahleun aki-aki, naha bet milih cepuk. Lain peti. Meureun eusina leuwih réa.
Rebun-rebun, kalawan rerencepan, nini-nini indit ngajugjug panonoban cangkurileung nu lebah-lebahna geus dicaritakeun ku aki-aki. Anjog ka dinya, wanci haneut moyan. Dibagéakeun ku cangkurileung nu taya riuk-riuk keuheul. Disuguhan sagala rupa. Atuh balikna ditawaran bisi hayang meunang hadiah, rék cepuk atawa peti.
“Peti wé dieukeun,”cek nini-nini mani nyorongot.
Ti leuweung ka lembur, mawa peti badag. Atuh ripuh pisan. Mindeng ti gubrag. Mindeng labuh.  Datang wanci sareupna, nini-nini ngajongkeng di buruan. Nangkub kana peti.
Teu maliré capé, bari rarampéolan, gancang nyokot linggis keur nyungkal turub peti. Kajurung ku hayang geura nénjo eusina. Pasti mutiara barakbak, leuwih alus jeung leuwih réa ti batan eusi cepuk aki aki.
Barang bray, ukur batu karikil, keusik jeung taneuh. Malah aya oray tinglaleor, jeung langgir tingkodomang. Puguh baé nini-nini reuwas. Nepi ka tijengkang kana kamalir. Ngajehjer kapaéhan d dinya. Éling éling isukna.Kageuingkeun ku sora bacéo cangkurileung nu rék nganjang deui ka aki-aki. ***
Sumber ti mangle' online

SASAKALA AWI

Sasakala Awi

Kénging Taufik Rahayu
Panganteur
Prabu Kean Santang nyaéta pangéran putra Raja Siliwangi di Karajaan Padjadjaran. Kacaturkeun hiji poé Kean Santang keur ngukur diri nguji kasaktén, “Naha di ieu dunya aya jalma nu gagah jeung sakti nu bisa nandingan kaula?”. Teu lila ti harita Prabu Kean Santang ménta idin ka Raja Siliwangi pikeun miang rék néangan  pilawaneun. Meunang béja ti batur, yén di tanah Arab aya hiji jalma sakti nu katelah Bagénda Ali. Teu ngadagoan isuk, Prabu Kean Santang tuluy ngajugjug ka tanah Arab. Saacan bisa nangtang jeung tarung ogé, Prabu Kean Santang teu bisa nyabut iteuk nu ditancelbkeun ku Bagénda Ali. Nya ti harita Kean Santang tuluy asup Islam, sarta ngawanohkeun tur ngajarkeun Islam ka rahayat di Karajaan Padjadjaran.

Sabada asup Islam jeung ngarti kana atikan Islam, Prabu Kean Santang nu satadina adigung adiguna, ngarasa élmuna euweuh nu nandingan téh kiwari mah jati patukangtonggong. Basa saacan mulang ka lemah Padjadjaran tur boga niat hayang ngislamkeun karaton Padjadjaran téh ngumaha heula ka Bagénda Ali.
“Duh Bagénda Ali, kuring téh apan pangarti mah batan sakieu buktina. Kari-kari ayeuna kudu bisa mawa béja ngeunaan atikan Islam nu sakieu linuhungna ka baraya kaula di lemah Padjadjaran.”
“Teu kudu mangmang, pék tepikeun naon waé pangarti nu aya di anjeun! Tepikeun sok sanajan sakecap ogé.”
Prabu Kean Santang keukeuh haténa teu yakin. Keukeuh masih kénéh ngarasa aya kakuranganana dina dirina. Masih kudu guguru terus ka Bagenda Ali. Hiji poé, tuluy Prabu Kean Santang ngumaha deui ka Bagénda Ali.
“Bagénda, kuring téh sabada taluk ku salira, kedal jangji dina haté mun mulang ka lemah Padjadjaran téh hayang aya manpaatna keur rahayat di ditu. Cadu mulang mun éta niat can kayakinkeun baris kalaksana. Kari-kari ayeuna ngan bisa mawa kanyaho nu sakieu ayana. Kuring keukeuh hayang aya manpaatna pikeun rahayat di Padjadjaran nu baris karasa ku saréréa, karasa ku bangsana kalawan teu diwilah-wilah.”
Bagenda Ali uleng mikir sakedapan. Teu lila tuluy masrahkeun iteukna ka Prabu Kean Santang.
“Bawa ieu iteuk kula ka karajaan andika. Jig geura mulang isuk-isuk. Sanepina di lembur, tancebkeun ieu iteuk dinu taneuh gawir.”
Sanggeus diyakinkeun kitu mah, Prabu Kean Santang tuluy mulang ka lemah Padjadjaran. Sanepina di Padjadaran, tuluy nancebkeun iteuk saperti nu amanatkeun ku Bagenda Ali.
Isukna, isuk-isuk kacida kagétna Prabu Kean Santang, sabab iteuk nu ditanclebkeun téh jadi hiji tangkal nu daunna aripis lalencop. Beuki lila éta tangkal téh beuki ngajangkungan nyelengceng. Tina sela-sela handapna barijil iteuk nu sarupa. Beuki lila iteuk Bagenda Ali téh beuki ngareaan, tur rupana jadi hejo jeung bubukuan.
Lila kalilaan, éta tangkal nu asalna tina iteuk Bagenda Ali téh beuki ngalobaan. Prabu Kean Santang helokeun ningali kaayaan kitu, jeung can ngarti tangkal naon éta tur gunana pikeun rahayat Padjadjaran naon.
Lila kalilaan mah kajawab naon-naon pananya Prabu Kean Santang téh, naon nu diomongkeun ku Sayidina Ali kabuktian. Sabab éta tangkal nu nepi ka kiwari nelah tangkal awi téh kacida kaarah manpaatna jeung kapakeuna ku jalma-jalma di karajaan padjadjaran. Atuh tangkal awina nyebar kamamana, malah loba urang karajaan nu kasabna gumantung kana awi.
Nya tina awi éta loba pakakas sapopoe jeung jadi hiji tangkal nu kacida pentingna pikeun hirup huripna jalma. Tangkal awi nu jadi digawir jadi tangkal nu kacida hadéna pikeun mahing urug. Tangkalna bisa dipaké nyieun imah, dipake nyieun pakakas sapopoe saperti carangka, rancatan, boboko, hihid, jeung sajabana. Malah aya ogé awi nu bisa didahar (humut).
Sabada Islam jeung tangkal awi nu dibawa ku Prabu Kean Santang ti tanah Arab tumuwuh di Padjadjaran, tatar Sunda jadi hiji tatar nu gemah ripah loh jinawi. Jadi lembur nu subur makmur tug nepi ka kiwari. Sanajan ramana ku anjeun teu lebet Islam, Prabu Kean Santang ngarasa bagja lantaran awi bawana bener-bener bisa mangpaat keur balarea kalawan teu pilih-pilih jalma. Kabéh butuh, ku kabéh karasa manpaatna. *** Cisompet 2013
Sumber ti : mangle' online

SASAKALA CIKA-CIKA

Sasakala Cika-cika

Jaman baheula —baheula gé baheula deui— aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pangeusi éta lembur, méh kabéh jelema araya (bareunghar). Demi pangupahjiwana kana karajinan ngabatik.
Kacaritakeun di éta lembur aya hiji randa boga anak awéwé ngaran Marini. Nyi Marini ku indungna pohara diasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawéan indungna. pagawéan di dapur jeung di imah kabéh ditangkes ku manéhna. Malah kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.
Dina hiji poé indungna meunang ondangan ti tatanggana nu rék ngawinkeun anak awéwé. Nyi Marini ku indungna meunang milu ka ondangan. Manéhna kacida atoheunana, lantaran bakal maké baju alus jeung maké samping weuteuh meunang ngabatik indungna, lantaran manéhna teu bogan cucuk-gelung.
Sapeuting, henteu boga cucuk-gelung keur pakéeun isuk ka ondangan téh jadi pikiran Nyi Marini. Manéhna diuk hareupeun jandéla, bari neuteup béntang-béntang nu tingkaretip di langit.
Di jero haténa manéhna ngecewis. Mana teuing senangna mun aing boga béntang pikeun cucuk gelung. Karek oge mikir kitu, ujug-ujug aya nu ngempur cahayaan ragrag kana lahunana. Nyi Marini kageteun pisan, turug-turug kadéngéna ku manehna aya sora tan katingalan, "Marini, ieu béntang nu dipikahayang ku manéh pikeun cucuk-gelung téh. Heug geura paké isuk kana pésta kawinan batur manéh, lantaran manéh budak rajin jeung hadé ka indung. Tapi manéh teu meunang ngomong sombong. Mun manéh ngomong sombong atawa boga pikiran sombong, ieu béntang baris leungit teu puguh-puguh."
Nyi Marini kacida atoheunana, dina haténa jangji, yén moal boga pikiran jeung ngomong sombong.
Isukna, Marini maké cucuk-gelung béntang téa. Manéhna katénjona geulis pisan sarta cahyaan. Kabéh nu aya di dinya ngarasa héran. Nyi Marini leuwih diperhatikeun ku saréréa tibatan pangantén. Babaturanana kabéh muji kageulisanana. Ku lantaran kacida senangna dipuji-puji ku babaturanana, ngan aing sorangan nu panggeulisna lantaran maké cucuk-gelung béntang. Karék ogé mikir kitu, cucuk-gelung béntang téh ujug-ujug ngaleungit.
"Ih Marini, geuning leungit cucuk-gelung béntang manéh téh," ceuk salasaurang baturna. Marini kageteun pisan, manéhna kakara ingeteun yén boga pikiran sombong. Pohara manéhna hanjaleunana.
Kabéh jelema nu aya dina éta pésta mangnéangankeun cucuk-gelung nu leungit téa, nepi ka pakéan-pakéan kalotor, tapi nu leungit weléh teu kapanggih. Ningali kitu, Nyi Marini pohara karunyaeunana ka maranéhanana. Di jero haténa manéhna jangji, nu manggihkeun baris dipersen, itung-itung mulang tarima.
"Ieu Marini, cucuk gelung manéh téh kapangih!" ceuk salasaurang baturna. Nyi Marini pohara atoheunana. Tuluy manéhna nyelukan batur-baturna. Ku manéhna dicaritakeun asal-usul éta cucuk-gelung béntang téh. Satuluyna manéhna nyarita kieu: "Ayeuna kuring embung maké cucuk-gelung béntang sosoranganan, tapi rék dibagikeun ambéh dipaké ku saréré babarengan."
Sanggeus ngomong kitu tuluy éta cucuk-gelung béntang téh dibantingkeun nepi ka remuk. Tuluy éta reremukan téh haliber jadi ... nu ayeuna disebut CIKA-CIKA, cenah!***
Tina sabababaraha sumber

PEUCANG JEUNG MONYE'T

Peucang Jeung Monyét

Kénging Lina Herlina
Halodo meujeuhna entak-entakan. Jujukutan gararing, tatangkalan kari kalakay. Solokan jeung balong anu laleutik mah réa anu saat. Halodo ampir sataun atuh. Sakur sasatoan anu bumetah di Gunung Ganggong raripuh. Oray, bangkong, bajing, anu salila halodo nyirekem di liang anu baseuh tur jero, mimiti keselen jeung lapareun. Loba sasatoan ti bulan-bulan kamari kénéh geus ngungsi ka gunung-gunung anu cenah geus mimiti usum ngijih. Tapi réa ogé sato anu bertahan di Gunung Ganggong. Maranéhna yakin, hujan sakeudeung deui bakal turun.
Sakadang peucang kaasup anu henteu galideur. Basa kuda, embé jeung kelenci ngajakan ngungsi, manéhna gigideug. “Halodo téh geus lila teuing. Maenya Pangéran ogé ngantep kasusah keur mahlukna. Kuring mah yakin, hujan téh moal lila deui,” cenah kitu alesanna téh. Atuh sobat-sobatna teu bisa kukumah deui, maranéhna indit ngabring subuh-subuh.
Tangtu waé boga pamadegan kitu téh kudu diperjuangkeun ku sakadang peucang. Ampir unggal poé manéhna asruk-asrukan ka jero leuweung néangan bungbuahan atawa jujukutan anu masih bisa didahar. Hiji poé sakadang peucang ampir sapoé jeput asruk-asrukan néangan kadaharan, tapi henteu saeutik ogé aya jukut anu masih héjo, komo deui bungbuahan. Beuteungna geus murilit ti tadi kénéh. Teu kahaja balikna mapay-mapay solokan garing. Naha atuh handapeun solokan garing téh aya situ anu caina masih pinuh. Di sisi situ aya tangkal jambu anu sigana mah keur meujeuhna leubeut.
Sakadang peucang gancang tuturubun turun. Enya waé jambu anu ti tonggoh mah katempona laleutik téh geuning mani keur meujeuhna arasak. Tapi disidik-sidik téh geuning aya anu keur ngalaan, nyaéta sakadang monyét. Kabeneran yeuh, aya anu mangalakeun, gerentes peucang.
“Sampurasun, dulur. Geuning nuju ngersakeun ngadamelan jambu,” ceuk sakadang peucang adab naker.
“Sampurasun sampurasun… rék ménta jambu kituh!” témbal monyét bari runyah rényoh.
“Sumuhun kitu, ki sobat. Sugan gaduh katresna sakedik mah, sim kuring téh hayang dialungan jambu dua siki mah.”
“Dular dulur sibut sobat… maké ngaku baraya sagala! Déwék mah teu boga dulur siga silaing. Hayang jambu mah naék atuh!”
Sakadang peucang nyenghél seuri konéng. Beu cilaka kaya kieu mah, hararésé geuning nyarita jeung mangkluk teu gableg pucus mah, gerentesna.
“Upami naék mah apan ki sobat ogé uninga sim kuring mah pauran. Cing atuh geura lung hiji mah, anu bareubeu gé teu sawios.”
“Lamun teu bisa naék, tuh loba anu marurag, anu geus baruruk.”
Sakadang peucang ngahuleng. Gerentesna, dasar monyét mangkluk teu gableg pucus, teu bisa dipidulur, teu bisa dilemesan. Sugan kudu ku cara garihal mangkluk teu boga cedo siga kieu mah.
“Hey, kunyuk! Dasar mangkluk teu boga pucus! Teu bisa diajak nyarita lemes, teu bisa dipidulur. Nyacapluk téh précis urang gunung teu boga kanyaho. Moal méré ogé atuh ngomong-ngomong anu lemes. Dasar kalakuan henteu berbudi, mahluk teu boga cedo, henteu gaul! Dasar mahluk kelas handap!”
Sakadang monyét reuwaseun diésék-ésék jeung dihina siga kitu. Tara aya anu wani nyebut kunyuk ka manéhna. Komo deui ditambahan ku nyebut mahluk kelas handap. Teu antaparah deui, belewer belewer wé sakadang peucang téh dibalédogan ku jambu. Sakadang peucang ajleng-ajlengan bari ngahina, pokna teh: “Geuning ngan sakieu pamalédog si panjang leungeun téh! Hanas wé ramo rangoas ari malédog siga anu ngusapan!”
Puguh wé sakadang monyét beuki napsu. Jambu mani murubut malédogan sakadang peucang. Aya éta oge hiji dua anu keuna, tapi ku sakadang peucang henteu dirasa. Sanggeus pangrasana jambu téh loba anu murag, sakadang peucang gogorowokan: “Meugeus! Meugeus monyét budug! Sakieu ogé meujeuhna keur kuring mah. Sésana mah keur isuk wé,” cenah bari cacamuilan dahar jambu. Sésana dibungkus ku daun tisuk dibawa balik.
Sakadang monyét molohok mata simeuteun. Sanggeus peucang henteu katempo deui kakara manéhna sadar. Jadol téh, katipu tah ku si peucang, gerentesna. Tadina mah moal méré hiji-hiji acan, jadi mekelan bawaeun sagala.***
Sumber ti : mangle' online

BUAHNA YAKIN

Buahna Yakin

Kénging Rohaedi Somantri

Baréto... baréto pisan aya dua santri nu geus lila mukim nyuprih élmu di salah sahiji pasantrén anu geus kasohor keur guntreng nyawalakeun masalah élmu tauhid.
“Cik pamanggih énté kumaha saur Mama Ajengan, singsaha anu loba dzikir ka Pangéran, maranéhna bakal dibéré rejeki ti tempat nu teu disanggka-sangka?” ceuk Lukman santri nupanggedéna ka sobatna Sabar. Umurna géséh tilu taun.
“Kantun kumaha kayakinan urang. Pan saur Pangersa Mama ogé sing saha anu saé sangka ka Gusti Alloh. Pasti sapanejana baris dikabul!” témbal Sabar.
“Tapi ceuk ana mah dzikir kudu! Tapi angger kudu dibarengan ihtiar. Da moal enya aya rezeki ragrag ti langit. ” ceuk Lukman.
“Ari pamendak ana mah yakin. Sanaos mung ukur ngadukduk wirid di Masjid pasti dipasihan rejeki. ” Sabar mani yakin.
“Ké kumaha énté mani yakin kitu! naha geus pernah nyobaan? Angger ceuk ana mah kudu dibarengan usaha. Malah loba jelema anu tara dzikir ari giat arusaha mah, baleunghar loba hartana.” Ceuk Lukman keukeuh kudu usaha jeung ngadu’a.
“Teu acan ari nyobian  mah, Tapi da piraku Gusti nyulayaan jangji-Na.” ceuk Sabar.
“Ayeuna mah kieu ! kumaha mun urang buktikeun!” Lukman siga nu nangtang.
“Dibuktoskeun kumaha?” pikirna ku aya-aya waé. Naha mani siga anu was-was.
 “Engké beurang urang peré ngaji. Ulah sarapan heula! Bari beuteung kosong tong mawa bekel. Urang indit ka Lembur Peuntas.”Lukman tatag pisan. Harita bada subuh.
“Teras?”
“Enté ! cicing di Masjid Peuntas, dzikir wéh tong kamana-mana. Naha enya aya rezeki ragrag ti luhur langit? Kula rék usaha ikhtiar néangan rezeki, ”ceuk Lukman  
“Sabara dinten?” Sabar nanya panasaran.
“Dua poé wé lah bisi langlayeuseun. Kumaha satuju ?” Ceuk Lukman, Pikirna kakuatan jelema bisa kuat nahan lapar jeung nginum salila dua poé mah.
“Insya Alloh satuju! Έnjing sateuacan magrib urang tingali hasilna.” témbal Sabar.   
Duanana mérésan baju jeung sarung keur salin. Bus disupkeun kana kantong kanéron. Sanggeus ménta idin ka kokolot santri dua poé peré moal ngaji. Basana aya  perlu heula. Teu marawa duit bekel. Wanci duha maranéhna tepi ka Masjid lembur Peuntas. Sepi kayaan masjid téh. Apanan ti beurang mah digarawé di sawah atawa di kebon. Bérés solat duha Sabar mah terus diuk bari dzikir. Ari Lukman kaluar rék balangsiar bari teu elat biwirna mah dzikir. Teu jauh di tungtung lembur aya nu keur ngariung deukeut saung. Aya nu nyuhun tolombong, ngélék dingkul  aya nu manggul karung. Lukman nyampeurkeun.
“Punten nuju naraon ieu téh ?” Lukman nanya ka kolot anu awakna bayuhyuh.
“Rek panén cabé. Ngan ieu kurang jelema. Mangkaning cabéna geus arasak.”
“Kumaha upami badé ngabantos , tiasa ?” Lukman nawarkeun jasa. Si Bapa Gendut kacida atohna aya nu mantuan. Saterusna cakah-cikih ngatur nu digarawé nu mana heula nu kudu dipanén. Kaselang ku solat lohor jeung ngawadang. Panén diteruskeun nepi ka soré. Tapi panén can anggeus. Ku si Bapa Gendut Lukman dihiras sina tunggu cabé nu numpuk di saung. Sakalian isukan mantuan deui nganggeuskeun panén.
Isukna bada asar bérés gawé Lukman ngagedig rék nepungan Sabar di Masjid Peuntas. Teu wudu mucekil meunang buruhan duit. Jaba dibahanan  timbel, sambel, lalab jeung pais lauk emas. Leumpang gura-giru bari mikir inget ka sobatna nu keur wirid di masjid. Boa can dahar ti kamari. Kumaha mun geus langlayeuseun. Padahal manéhna nu ngajak ngobong. Kolotna ngidinan pédah inditna jeung manéhna. Mun seug Sabar aya kajadian nanaon pasti kolotna bakal ngananaha ka manéhna.
Kasampak Sabar keur saré. Awakna nyarandé kana tihang masjid. Leungeunna masih nyekel tasbé. Duh boa-boa kalaparan. Buru-buru ku Lukman diguyah-guyah dihudangkeun. Sanggeus hudang Sabar dititah dahar. Timbel jeung deungeuna song diasongkeun. Teu kudu dititah dua kali Am! Sangu téh didahar teu wudu mani ngalimed bangun ni’mat. Bérés dahar eureuleu teurab.
“Kumaha migawé dzikir téh aya hasilna?” Lukman nanya bari rada ngajejeléh pamikirna mun teu dibéré dahar ku aing pasti kalaparan.
“Aya… alhamdulillah, Gusti masihan rejeki kalayan  teu disangki-sangki pisan.” Témbal Sabar, rada héran naha  Lukman maké nanya kitu. Apan kasaksian ku manéhna saha bieu nu dahar sangu timbel jeung pais lauk emas.
“Aéh heueuh nya!” Kakara Lukman nyadar. Manéhna nu gawé. Nu daharna Si Sabar. Karérét dina saku baju kampret Sabar ngalangkang amplop rada kandel. Sabar surti derekdek nyaritakeun. Sapoé kamari kasorénakeun Sabar kacida laparna. Beuteung murilit, karasa peurih nyéréset. Késang tiis ngorolok tina tonggong. Sirah karasa lungleng. Kitu téh nepi ka waktu isya. Bada isya di éta masjid aya nu Beunghar  ngayakeun acara syukuran rék naék haji. Sakalian ngaluarkeun zakat mal tina hasil panén cabé nu kacida mucekilna. Bérés ngadu’a anu haladir disuguhan dahar, meunang bésék jeung dibéré amplop. Dua santri mareunang rezeki hasil tina kayakinanana.
(Diréka tina kajian kitab kuning Pangaosan Ahad di Majlis Ta’lim Al-Musyawaroh)
Sumber ti : mangle' online

ABU NAWAS NGABAGI BAKAKAK

Abu Nawas ngabagi bakakak

Kénging Agus B. Irawan
Abu Nawas tas kurad-koréd di kebon korma tukangeun imahna. Jung cengkat, tuluy babatek, kukuliatan.
“alhamdulillah...!” pokna ngagerendeng. Beuteungna karasa peurih jeung kukurubukan, nandakeun geus karasa lapar. Gura-giru inyana balik ka imah.  Sup ka dapur, muru kana méja makan. Tuluy mukakeun tudung saji. Nu aya dina méja makan téh ukur sangu wungkul dina sangku, taya deungeunna.
“jeung naon Mi deungeunna, dahar téh ?” Abu Nawas nanya ka bojo na nu keur jongjong ngagusrek nyeuseuh.
“puguhan teu boga nanaon, Abu. Da sidik duit jang balanja ogé geus béak!” walon bojona.
Abu Nawas ngahuleng. Inyana mikir, kumaha carana sangkan boga deungeun sangu ?
Ari Abu Nawas téh bogaeun dulur, kapi lanceukna, Abu Fatah ngarana téh. Imahna teu pati jauh ti imahna Abu Nawas, ukur kahalangan ku sababaraha imah jeung kebon korma. Mun keur pareng  aya pangabutuh atawa karerepet, Abu Nawas geus tara asa-asa deui osok menta bantuan atawa menta tulung ka kapilan ceukna.
“Ah, mending  arék nguyang deungeun sangu ka imah Abu Fatah. Susuganan bogaeun.” Gerentes Abu Nawas na jero haténa. Geus kitu kencling manéhna indit ka imah Abu Fatah.
“Assalaamu’alaikuuum.....!” sanggeusna anjog Abu Nawas uluk salam.
“Wa’alaikum salaaam.....!” jawab nu boga imah ti palebah dapur. Abu Nawas tuluy asup ka imah langsung muru ka dapur. Kasampak téh Abu Fatah saanak-bojo keur ngariung dina méja makan bari patingharuleng. Dina luhur meja makan ngajagrag bakakak hayam badag anu  masih kénéh weuteuh , tacan aya nu ngahanca. Abu Nawas mani kumétap nempona. Ari Abu Fatah téh bogaeun budak dua, lalaki hiji awéwé hiji.
“Taaah .... ku kabeneran geuning aya Abu Nawas ka dieu! Yap ka dieu Abu !” ceuk Abu Fatah bangun atoh naker.            
“Puguhan kami téh ker menang kabingung, susugannan atuh Énté bisa mecahkeunana ?” pokna deui.
“Ari kitu, aya naon ?” Abu Nawas tumanya bari ngarérétan ka saréra.
“Nu matak kami téh keur pareng menang milik ! Meunang  berekat bakakak hayam paméré ti tatangga. Tapi ku kami téh tacan didahar, tacan ditoél-toél acan, ku sabab hésé ngabagi-bagina, da saréréa pada-pada hayang ! Cing atuh sugan ku ­Énté pang bagi-bagikeun, kumaha carana sangkan adil?” Abu Fatah ngajéntrékeun.
Sakedapan Abu Nawas ngahuleng, mikir. Teu kungsi lila pok nyarita, “ kieu wé atuh ayeuna mah, cing ménta péso eujeung piring lima!” pokna ka bojona Abu Fatah. Guru-giru bojon Abu Fatah nyokot péso jeung piring sakumaha nu dipénta ku Abu Nawas.
Abu Nawas natakeun piring dina méja. Nu opat diteundeun hareupeun Abu Fatah, bojona jeung anak-anak na. Ari nu hiji deui diteundeun hareupeun manéhna sorangan. Geus kitu gap kana péso, tuluy nyokot piring nu dieusi bakakak hayam. Abu Nawas ngamimitian ngarecah bakakak bari cacarita.
“Tah ieu huluna bagéan Abu Fatah, bagéan Bapa, kusabab ari Bapamah apanan Kapala Kaluarga!” omong Abu Nawas bari motongkeun hulu hayam, sok diteundeun dina piring hareupeun Abu Fatah.
“Nu ieu tulang beuheung ma bagéan Umi, bagéan indung, kusabab ari indung mah minangka “nyawana” dina rumah tangga!” Abu Nawas motongkeun tulang beuheung, tuluy di teundeun dina piring hareupeun bojona Abu Fatah.
“Ieu cékérna bagéan si Aa, bagéan budak lalaki, kusabab ari budak lalaki mah engké-engkéna bakal lunta, bakal ngumbara jauh ti kolotna !” ceuk Abu Nawas bari neukteuk cékér hayam duanana dina palebah tuurna, tuluy diteundeun dina piring hareupeun budak lalakina Abu Fatah.
“Tah nu ieu mah jangjangna bagéan Si Nyai, budak awéwé. Ari sabab Si Nyai mah bakal boga salaki, bakal ngurus Rumah tangga, sarta bakal dibawa ngumbara ku salakina!” ceuk Abu Nawas deui, kitu na téh bari motongkeun jangjang hayam duanana, sok diteundeun dina piring hareupeun budak awéwé Abu Fatah. Ayeuna mah si bakakak hayam téh ukur kari awakna wungkul ngajagjrag dina piring.
“Ari éta, awakna bagéan saha ?” Abu Fatah tumanya.
“Nu ieu mah nya bagéan kuring, salaku “hakim” nu geus ngabagikeun kalayan adil !” walon Abu Nawas, kitu téh bari ngawadahan awak hayam, dipindahkeun kana piring hareupeunana. Tuluy wé dibawa balik ka imahna. Abu Fatah saanak-bojo bati olohok !
“Berekah geuning, timana wé ari milik mah !” gerentes Abu Nawas.***
Cisompét – Garut Kidul
Sumber ti : mangle' online

KAJEMBARAN BASA

Kajembaran Basa

1. Ngaran Anak Sasatoan
anak anjing = kirik
anak bandeng = nénér
anak buaya = bocokok
anak bogo = cingok
anak éntog = titit
anak gajah = ménél
anak japati = piyik
anak keuyeup = boncérét
anak kukupu = hileud
anak lélé = nanahaon
anak lubang = leungli
anak monyét = begog
anak sapi = pedét
anak bagong = begu
anak banténg = bangkanang
anak belut = kuntit
anak deleg = boncél
anak embé = cémé
anak hayam = ciak
anak kancra = badak
anak kuda = belo
anak lauk = burayak
anak maung = juag
anak munding = énéng
anak reungit = utek-utek
anak ucing = bilatung
2. Sora Sasatoananjing = ngagogog, nyungungung, babaung
bagong = sesegrok
domba / embé = ngabérélé
éntog / meri = ngawékwék
gagak = ngelak
hayam = (jalu) kongkorongok, (bikang) kokotak
kuda = ngahiem
manuk = ricit / récét
maung = ngagerem, gagaur
reungit = ngahieng
tikukur / titiran = ngantuk (disada terus-terusan)
3. Pakarang Sasatoan
badak = cula
bagong = sihung
banteng, embé, domba, munding, sapi, uncal = tanduk
buaya = buntut
gajah = gading, tulalé
hayam jago = siih
kalajengking, kamarang, tawon, nyiruan = panyeureud
kapiting/ keuyeup = panyapit
landak = cucuk
lélé = pamatil
maung, singa = kuku, sihung
oray = peurah
ucing = kuku
4. Kekembanganaléwoh = kembang waluh
angkruk = kembang jeruk
ancal = kembang bolang
ancul = kembang eurih
badaus = kembang tiwu
badul = kembang konéng
bosongot = kembang bako
bolotot = kembang cabé
bubuay = kembang hoé
cacas = kembang lopang
curiwis = kembang kaso
dingdet,atéla = kembang sampeu
gélényé = kembang génjér
ingawang = kembang gedang
jamotrot = kembang laja
jalingger = kembang jaat
séléksék = kembang limus
jelenggut = kembang cikur
jantung = kembang cau
karuk = kembang jambu
lenyap = kembang jambu aér
mayang = kembang jambé
mérékényénnyén = kembang jéngkol
moncorong = kembang térong
olohok = kembang kadu
pendul = kembang peuteuy
méncéngés = céngék
pélépés = kembang kulur
pengit = kembang leunca
pengis = kembang kawung
puntung = kembang jotang
rinduy = kembang muncang
ringsang = kembang paré
ulated = kembang bawang
5.Kandang
buleng = kandang / tempat lauk
istal, gedogan = kandang kuda
karangkéng, garogol = kandang maung (sato galak)
kurung = kandang manuk
pagupon = kandang japati
pakandangan, karapyak = kandang munding
paranjé = kandang hayam, domba, embé
6. Patukangan
anjun = tukang nyieun parabot tina taneuh
bujangga = tukang nyieun / nulis carita
candoli = tukang ngajaka pabéasan dina hajatan
gending = tukang nyieun parabot tina kuningan
kabayan = tukang dititah ka ditu ka dieu
kamasan = tukang nyieun pahiasan tina emas
kuncén = tukang ngurus kuburan
legig = tukang ngasruk tina pamoroan
malim = tukang meruhkeun sato galak
maranggi = tukang nyieun sarangka keris
nyarawedi = tukang ngagosok permata
pakacar = tukang ngaladénan/ bubujang
palédang = tukang nyieun parabot tina tambaga
palika = tukang teuleum
pamatang = tukang moro ngagunakeun tumbak
pamayang = tukang ngala lauk di laut
panday = tukang nyieun parabot tina beusi
panerasan = tukang nyadap
paninggaran = tukang moro ngagunakeun bedil
sarati = tukang ngusir / meruhkeun gajah
7. Pakakas
arit = paragi ngala jukut / paré
asétik = paragi ngaseuk
ancung = paragi ngakut és kacang
balincong = paragi nugar
baliung = pakakas anu bisa dijeun patik / rimbas
bandring = paragi malédogkeun batu
bedog = paragi ngadék
congkrang = paragi nyacar
dékol = paragi ngadék tur bisa dipaké nakol
étém = paragi ngala paré
gacok = paragi nugar
gaét = paragi ngait nu beurta tur digagangan
gegendir = paragi neunggeul nu beurat
gubang = saperti bedog tapi panjang
gondéwa = paragi mentang jamparing
jara = paragi ngaliangan awi
jamparing = panah
kikir = paragi ngasah ragaji
koréd = paragi miceun jujukutan
kujang = pakarang urang Sunda
parang = paranti ngababad jukut dina galeng
sumpit = paranti ngala lauk, dijieunna tina tamiang
sundung = paragi ngawadahan jukut

UNDAK USUK BASA

Kumpulan Undak Usuk (Basa Loma - Basa Lemes) Bahasa Sunda


UNDAK-USUK BASA
(BASA LOMA-BASA LEMES)
Basa LomaBasa Lemes
(Keur ka sorangan)
Basa Lemes
(Keur ka batur)
Bahasa
Indonesia




Abus, asupLebetLebetMasuk
Acan, tacan, encanTeu acanTeu acanBelum
AdiAdiRai, rayiAdik
Ajang, keur, pikeunKanggoHaturanUntuk
AjarAjarWulang, wurukMengajar
Aji, ngajiNgajiNgaos
AkangAkangEngkangKakak / Abang
AkiPun akiTuang EyangKakek
Aku, ngakuAku, ngakuAngken, ngangkenMengaku
AloPun aloKapiputraKeponakan
AlusSaeSaeBagus
Ambeh, supaya, sangkanSupadosSupadosSupaya
AmbekAmbekBenduMarah
Ambe, ngambeuNgambeuNgambungMencium
Amit, amitamPermiosPermiosPermisi
AnggelBantalBantal, kajang mastakaBantal
Anggeus, enggeusRengseParantosSudah
Anjang, nganjangNgadeuheusNatamuBertamu
Anteur, nganteurJajap, ngajajapkeunNyarenganMengantar
Anti, dago, ngadagoan,NgantosanNgantosanMenunggu
ArekBade, sejaBade, sejaMau / Akan
AriDupiDupiN/A
Asa, rarasaanRaraosanRaraosanPerasaan
AsalKawitKawitAsal
Aso, ngasoNgasoLelesonIstirahat / Rilex
AtawaAtanapiAtanapiAtau
Atoh, bungahBingahBingahGembira
AwakAwakSaliraBadan
AweweAweweIstriPerempuan
Babari, gampangGampilGampilMudah
BacaAosAosBaca
BadamiBadantenBadantenBerunding
Bae, keun baeSawios, teu sawiosSawios, teu sawiosBiarkan
BageaBageaHaturanN/A
BaheulaKapungkurKapungkurZaman Dahulu
BajuBajuRaksukan, anggoanBaju
BaktiBaktosBaktosBakti
Balik, mulangWangsulMulihPulang
BalurBalurLulurLulur
BanggaSesahSesahSusah
BapaPun BapaTuang RamaBapak
Bareng, reujeungSarengSarengDengan
BaretoKapungkurKapungkurZaman Dahulu
BatukBantukGohgoyBatuk
BaturBabaturanRerencanganOrang Lain
BawaBantunCandakBawa
BeakSeepSeepHabis
BedaBentenBentenBeda
BejaWawartosWawartosKabar
Bener, enyaLeresLeresBenar
Bengek, mengiAsmaAmpegAsma
Bere, mereMaparin, masihanNgahaturaan, ngalelerMemberi
BerekahPangesto, pangestuDamang, wilujengN/A
BeukiBeuki, senengSedepSuka
BeulahPalihPalihPatah
Beuli, meuliMeserNgagaleuhBeli
BeunangKengingKengingDapat
BeungeutBeungeutPameunteu, rarayMuka
BeurangSiangSiangSiang
BeuratAbotAbotBerat
BeuteungPadaharanPatuangan, lambutPerut
BibiPun bibiTuang bibiBibi / Tante
Bikeun, mikeunMaparinkeunNgahaturkeun,nyanggakeunBerikan
Bilang, milangNgetangNgetangBerhitung
Birit, bujurBirit, bujurImbitPantat
BisaTiasaTiasaBisa
BisiBilihBilihN/A
BiwirBiwirLambeyBibir
BoaTiasa jadiTiasa jadiJikalau
BogaGaduhKagunganPunya
Buang, ngisingMiceunKabeuratanBAB
BudakBudakMurangkalihAnak
BujalBujal, puserUdelPusar
Buka puasaBukaBoborBuka puasa
BuktiBuktosBuktosBukti
BulanSasihSasihBulan
Bungah, gumbiraBingahBingahGembira
BuritSontenSontenSore
BuruBujengBujengCepat
ButuhPerluPeryogiPerlu
Cabak, nyabakNyabakCepengMegang
CageurPangesto, pangestuDamangSehat
CalanaCalanaLancinganCelana
CangkengCangkengAngkengPinggang
Caram, carek, nyarekNyarekNgawagel
Carang, langkaAwisAwis
Carek, nyarekanNyarekanNyeuseul
Carita, nyarita, ngomongNyanggemNyarios
CenahCenahSaurna
Cekel, nyekelNyekelNyepeng
Celuk,nyeluk,gero,ngageroanNyauranNgagentraan
CeuliCeuliCepil
CeurikCeurikNangis
CicingMatuhCalik, linggih
CiduhCiduhLudah
Cik, cingCobiCobi
CikalCikalPutra pangageungna
Ciling, pacilinganKakusJamban
CiriTandaTawis
Cium, nyieumNyieumNgambung
Cokot, nyokotNgabantunNyandak
Cukup, mahiCekapCekap
Cukur, dicukurDicukurDiparas
Cunduk, datingDongkapSumping, rawuh
DaekDaek, purunKersa
DagangDagangIcalan
DaharNedaTuang
DangdanDangdanDangdos
DapurDapurPawon
Denge, ngadengeNguping, mirengNgadangu
DeukeutCaketCaket
Didik, ngadidikNgatikMiwuruk,mitutur,miwejang
DiriDiriSalira
DiukDiukCalik, linggih
Duga, kadugaKadugaKiat
DuitArtosArtos
Dumeh, lantaranJalaranKu margi
Eling, ingetEmutEmut
Emboh, tambahTambihTambih
EraIsinLingsem
EmbungAlimTeu kersa
EnggonPamondokanPangkuleman
Eukeur, keurNujuNuju
Eusi, ngeusianNgalebetanNgalebetan
EuweuhTeu ayaTeu aya
GancangEnggalEnggal
GantiGantiGentos
Gardeng, rereganGardengLalangse
GaweGaweDamel
GedeGedeAgeung
GelungGelungSanggul
Genah, ngeunahRaosRaos
GeringUdurTeu damang
GetolGetolKersaan
GeulangGeulangPinggel
Geura, pek, hegGeura, manggaMangga
GeuwatEnggalEnggal
Gigir, gigireunGigireunGedengeun
GimirGimirRentag manah
Gogoda, cocobaCocobaCocobi
GorengGorengAwon
Gugu, ngaguguNurutTumut
HabenHabenTeras-terasan
Hadir, ngahadiranNungkulanNgaluuhan
Hal, perkaraPerkawisPerkawis
HalisHalisKening
Hampura, maapHapuntenHapunten, haksama
HareupPayunPayun
HargaHargaPangaos
HartiHartosHartos
HateHateManah
Hawatir,watir,karunyaWatirHawatos
HayangHoyongPalay
HelokHeranHemeng
Hese, susah, pelikSesahSesah
HeuayHeuayAngob
Heubeul, lawasHeubeulLami
Heug, seugManggaMangga
Hili, tukeurLironGentos
HirupHirupJumeneng
HudangHudangGugah
HuntuHuntuWaos
HutangHutangSambetan
Iber, beja, wartaWartosWartos
IdinWidiWidi
IgelIgelIbing
IketTotopongUdeng
Ilik, ngilikanNingalanNingalan
Ilu, ngiluNgiringNgiring
ImahRorompokBumi
Impi, ngimpiImpen, ngimpenImpen, ngimpen
ImutImutMesem
IncuPun incuTuang putu
Indit, miangMiosAngkat, jengkar
IndungPun biangTuang ibu
Inggis, risiInggis, risiRempan
Injeum, nginjeumNambutNambut
Inum, nginumLeueut, ngaleueutLeueut, ngaleueut
IrungIrungPangambung
Isuk, isukanEnjingEnjing
ItungItungEtang
Iwal, kajabaKajabaKajabi
JagaJagaJagi
Jalma, jelemaJalmiJalmi
JauhTebihTebih
JawabWalonWaler
JeroLebetLebet
JeungSarengSareng
JigaJigaSapertos,sakarupi
JualIcalIcal
JugjugBujengBujeng
Juru, ngajuruNgalahirkeunBabar
Kabeh, kabehananaSadayanaSadayana
Kabur, minggatMinggatLolos
Kacida, nakerKalintangKalintang, teu kinten
Kajeun, keun baeSawiosSawios
Kakara, karekNembeNembe
KarembongKekembenKekemben
Kari, tinggalKantunKantun
Kasakit, nyeriKasakit, kanyeriKasawat
Katara, kaciriKatawisKatawis
Kapalang, kagokKapambengKapambeng
KawasSapertosSapertos
KawinNikah, jatukramiJatukrami,rendengan
KedeKencaKiwa
Kejo, sanguSanguSangu
KelekKelekIngkab
KesangKaringetKaringet
Keur, pikeunKanggoKanggo, haturan
KiihKahampanganKahampangan
KolotKolotSepuh
KongkorongKangkalungKangkalung
Kop, pekManggaMangga
KuatKiatKiat
KuduKedahKedah
KumbahKumbahWasuh
KumisKumisRumbah
KumpulKempelKempel
KungsiKantosKantos
KurangKirangKirang
Kuring, sim kuringAbdi, sim abdiSim abdi
LabuhLabuhGeubis
Lahun, ngalahunNgalahunMangkon
LainSanesSanes
LajuLajengLajeng
Laki, lalakiLalakiPameget
Laku, payu, larisPajengPajeng
LalajoNongtonNongton
Lamun, upamaUpamiUpami
LanceukPun lanceukTuang raka
Lantaran, sababJalaran, sababMari
LehoLehoUmbel
LetahLetahIlat
LeungeunLeungeunPanangan
LeungitLeunitIcal
LeutikAlitAlit
LeuwihLangkungLangkung
LilaLamiLami
MahalAwisAwis
MaksudMaksadMaksad
Malarat, miskinJalmi teu gaduhTeu kagungan nanaon
MalemWengiWengi
MalikMalikMayun
MamayuMamayuMamajeng
Mangka, sing, mugaMugiMugi
MaotMaotPupus, tilar dunga
MarhumMarhum, jenatnaMarhum, suargi
Memeh, samemehnaSateuacannaSateuacanna
Mending, leuwih hadeLangkung saeLangkung sae
MeujeuhnaMeujeuhnaCekap
MeueunPangintenPanginten
Mimimti, mimitinaKawitnaKawitna
MinangkaEtang-etangEtang-etang
Mindeng, remenSeringSering
MinyakLisahLisah
MugaMugiMugia
Mupakat, rempugMupakat, rempugRempag
MurahMirahMirah
Najan, sanajanSanaosSanaos
NganMungMung
NgaranWasta, namiJenengan, kakasih
NgeunahNgeunahRaos
NgoraNgoraAnom
NiniPun niniTuang eyang
NyahoTerangUninga
NyaringNyaringTeu acan kulem
NyolowedorNyolowedorMidua maha
Obat, ubarObat, ubarLandog
Ogan, ondangOndangUlem
Ome,ngomean,menerkeunNgalereskeunNgalereskeun
PahamPaham,ngartsoNgartos
Paju, majuMajengMajeng
Pake, makeNganggoNganggo
Palangsiang, bias jadiTiasa jadiTiasa jadi
Palire, malireMalireMerhatoskeun
PamajikanPun bojoTuang rayi
Pancuran, kamar mandiJambanJamban
PandeuriTi pengkerTi pengker
Pang, pangna, nu matakNu mawiNu mawi
Panggih, manggih, nimuMendakMendak
Pangkat, kadudukanKadudukanKalungguhan
Pangku, mangkuMangkuMangkon
PanonPanonSoca
Pantar, sapantarSapantarSayuswa
ParibasaParipaosParipaos
Pariksa, mariksaMariksaMarios
ParnaRepotWales
Paro, saparoSapalihSapalih
Pasti, tangtuTangtosTangtos
Pati, teu patiTeu patosTeu patos
Patuh, matuhMatuhLinggih
PayungPayungPajeng
PedahKu margi, jalaranRehing
Penta, mentaNeda, nyuhunkeunMundut
Pecak, mecak, nyobaNyobiNyobi
Pencet, mencetanMeuseulanMeuseulan
PercayaPercantenPercanten
PerluPerluPeryogi
PermisiPermiosPermios
PeutingWengiWengi
Pihape, mihapeWiatNgaweweratan
PikerPikerManah
PiligentiPiligentosPiligentos
PindahPindahNgalih
PingpingPingpingPaha
PipiPipiDamis
PoeDintenDinten
PohoHilapLali
Potong, popotonganPatilasanPatilasan
PuasaPuasaSaum
Puguh, tangtuTangtosTangtos, kantenan
PurunPurunKersa
RarabiRarabiGarwaan
Raksa, pangraksaPangraksaPanangtayungan
RamoRamoRema
RampesManggaMangga
Rasa, rumasaRumaosRumaos
Rea, lobaSeueurSeueur
RecehRecehArtos alit
ReujeungBarengSareng
ReuneuhKakandunganBobot, ngandeg
ReureuhReureuhNgaso
RieutRieutPuyeng
RipuhRipuhRepot
RobahRobahRobih
Roko, ududeunRokokSesepeun
Rua, saruaSarupi, samiSarupi, sami
Rusuh, rurusuhanEnggal-enggalanEnggal-enggalan
Saba, nyabaNyanyabaanAngkat-angkatan
SabotKeur waktuWaktos
Sabuk, beubeurBeubeurBeulitan
SadiaSayagiSayagi
SakeudeungSakedapSakedap
SalahLepatLepat
SalahsaurangSalahsawiosSalahsawios
SalakiPun lanceukCaroge, tuang raka
SalametSalametWilujeng
Salat, solatSambeangNetepan
SalesmaSalesmaPileg
Salempang, hariwangSalempangSalempang, rajeg manah
Salin, disalinDisalinGentos
SamakAmparanAmparan
Sampak, nyampakNyampakNyondong, kasondong
SampingSinjangSinjang
Sanding, kasandingKasandingKasumpingan
SanggeusSaparantosSaparantos
SanggupSanggemSanggem
SareMondokKulem
SarereaSadayanaSadayana
Sarta, jeungna deuiSarengSareng
SaruaSamiSami
SasarapSasarap, nedaTuang
SawahSawahSerang
SejenSejenSanes
Seleh, nyelehkeunMasrahkeunNyanggakeun,ngahaturkeun
Selewer, nyelewerMidua hateMidua manah
SemahTamuTamu
Sesa, kariKantunKantun
SebutSebatSebat
Serah, nyerahkeunMirakMirak, ngeser
SeubeuhSesekWareg
SeuriSeuriGumujeng
Siar, nyiarMilariMilari
SibanyoSibanyoWawasuh
SirahSirahMastaka
SiritLaranganLarangan
SisirPameresPameres
Soara, soraSoraSoanten
SoranganSoranganNyalira
SoreSontenSonten
Sugan, manawiManawiManawi
SukuSukuSampean
Sunat, nyunatanNgabersihanNyepitan
SungutCangkemBaham
SupayaSupadosSupados
SuratSeratSerat, tetesan
SuwengSuwengKurabu, gwang
TabeatAdatPanganggo
TadinaAwitna, kawitnaKawitna
TaiKokotorKokotor
Taksir, ngiraNginten-ngintenNginten-nginten
TaktakTaktakTaraju
TalatahWiat saurWiat saur
TambahTambihWuwuh
TampaTampiTampi
Tanda, ciriTawisTawis
Tangen, katangenKanyahoanKauninga
Tangtung, nangtungNangtungNgadeg
TanyaTarosPariksa
TapiNangingNanging
TarangTarangTaar
TarimaTampiTampi
Tawar, nawarNawisMundut
Tayoh-tayohnaRupinaRupina
Teang, neanganMilariMilari
Tenjo, nenjo, nempoNingalNingali
TepiDugiDugi
TereTereKawalon
TerehEnggalEnggal
Teleg, teureuyTelegTelen
Tembang, nembangNembangMamaos
Tepi, nepiDugiDugi
TepungTepangTepang
TerusTerasTeras
TeundeunSimpenSimpen
TincakTincakDampal
Titah, nitah, jurungNgajurunganMiwarangan
TonggongTonggongPungkur
Topi, dudukuyTopi, dudukuyTudung, langgukan
TulisTulisSerat
Tulung, pitulunPitulungPitandang
TulusCiosCios
TuluyTeras, lajengTeras, lajeng
TumpakTumpakTunggang
TungguAntosAntos
TurunTurunLungsur
UcapUcapKedal, lisan
UlahTeu kengingTeu kenging
UlinUlinAmeng
UmurUmurYuswa
Urus, nguruskeunNgalereskeunNgalereskeun
UrutTilasTilas
UtamaUtamiUtami
WaktuWaktosWaktos
WaniWantunWantun
WarasCageurDamang
Wareh, sawarehSapalihSapalih
Warga, dulurWargiWargi
Watara, sawataraSawatawisSawatawis
WawuhWanoh, kenalKenal
WedakPupurPupur
WedalWedalWeton
Wilang, kawilangKaetangKaetang
WuduWulu, wuduAbdas